Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

ngurilingan arasy, jeung sawaréh deui aya nu pulang-anting, jadi piwarangan Allah ta'ala, nya éta mala'ikat Jabrail jeung mala'ikat Mikail jeung mala'ikat Israfil, jeung mala'ikat Izrail alaihimussalam. Jeung sawaréh mala'ikat téh aya nu tukang ngaraksa kana sakabéhna hamba Allah ta'ala, jeung sawaeéh deui aya nu tukang nuliskeun sakabéh pagawéanana hamba Allah ta'ala, nya éta mala'ikat kiraman katibina[1]; dina sahiji jalna éta mala'ikat dua. Jeung deui sakabéh mala'ikat hanteu doraka ka Allah ta'ala sarta hanteu lalaki, hanteu awéwé, jeung hanteu dahar, hanteu leueut, hanteu aya ambekna, hanteu aya kahayangna, hanteu boga bapa, hanteu boga indung, hanteu boga anak, hanteu dianakkeun, tatapi kabéh mala'ikat téh éta ngabakti baé ka Allah ta'ala salawasna. PASAL ARI MURAD PERCAYA KANA KITAB ALLAH TA'ALA nya éta urang kudu diitikadkeun yén Allah ta'ala éta geus nurunkeun pirang-pirang kitab kana sakabéh nabi anu jadi piwarangan Allah ta'ala, maka nya éta jumlahna saratus opat kitab, anu sapuluh kitab siturunkeun ka Nabi Adam, alaihissalam; anu lima puluh kitab diturunkeun ka Nabi Syis, alaihissalam; anu tilu puluh kitab diturunkeun ka Nabi Idris, alaihissalam; anu hiji kitab diturunkeun ka Nabi Musa, alaihissalam; nya éta kitab Torét ngaranna; anu sahiji kitab diturunkeun ka Nabi Dawud, alaihissalam; nya éta kitab Jabur ngaranna; anu sahiji kitab diturunkeun ka Nabi Isa, alaihissalam, nya éta kitab Injil ngaranna; anu sahiji kitab diturunkeun ka nabi urang, nya éta kangjeng Nabi Muhammad Shallallahu alayhi wasalam, nya éta kitab Qur'an. PASAL ARI MURAD PERCAYA KANA SAKABÉH NABI ANU JADI RASUL éta, nyaéta urang ku-


  1. Of hier de schutaengelen bedoeld zijn of die genaamd MALAKAIN ASWADAIN (de beide zwarte engelen) is uiet duidelijk. De engelen MONKIR en NEKIR gaan in hat graf en ondervragen den doode over zijn geloof.