Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

du di'itikadkeun dina haté yén satemen-temenna sakabéh para nabi anu jadi rusul éta, kabéh wajib aya tilu sipat, nya éta sidik[1], tegesna: bener dina sakabéh carita, moal bohong; kadua amanat, tegesna: kapercayaan dina sakabéhna kalakuanana, moal palacidra, tegesna moal migawé anu dilarang ku Allah ta'ala, kaya haram atawa makruh; jeung wajib para rusul téh katilu tablég[2], tegesna: ngadatangkeun kanu dipiwarang didatangkeun ku Allah ta'ala ka umatna, moal kitinan, tegesna: moal hanteu didatangkeun ka sakabéh umatna. Jeung deui wenang para rusul kabéh narima aral basariah[3], tegesna: aral nu bangsa manusa, tetapi anu hanteu matak jadi cacad kana martabatna anu luhur, kaya dabar luut, jeung nikah, jeung jima', jeung kaya ruut[4] saupamana. Tatapi moal para rasul éta aralna anu hina-hina; éta moal. Ari nabi anu jadi rusul éta kabéhna tilu ratus tilu welas, ari rusul anu nyangking saréngat[5] éta genep nabi. Ari bilangan kabéh nabi éta saketi dua laksa opat ribu. Ari pangmimitina nya éta nabi Adam, alayhissalam; ari panganggeusanana, nya éta kangjeung nabi Muhammad, shallallahu alayhi wasalam. PASAL ARI MURAT PERCAYA ANA POÉ KIAMAT éta, nya éta urang kudu nganyahokeun sarta diimankeun dina haté yén satemen-temenna Allah ta'ala éta mangké mahluk téh sakabéhna[6] diparaéhkeun kabéh, ari paéh sék dihirupkeun deui di padang mahsar sarta rata jeung bodas saperti pérak tanuhna. Ari geus kitu dihisab sakabéhna amalna nu hadé jeung anu goréng, jeung hanteu aya anu


  1. صديق
  2. تبليغ
  3. بشريه
  4. Eene kleine duizeling kan den Godsgezant overvallen maar geen bewusteloosheid, krankzinnigheid of dronkenschap.
  5. شريعة De weg, instelling, nieuwe godsdienst.
  6. Al het geschapene ook de engelen zullen sterven op den dag des gerigts. Sura XXXIX, 08.