Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

anggohota wudu, kaya lugut atawa naon-naon baé; kalima, kudu nganyahokeun kana perluna; kagenep, kudu ulah nyebutkeun ka anu perlu éta disebutkeun sunat; katujuh, cai sarta anu suci sarta nyucikeun ka lian. [1] PASAL ARI CAI ANU NYUCIKEUN ÉTA TUJUH perkara. Sahiji cai laut; kadua cai walungan; katilu cai sumur; kaopat cai nyusu; kalima cai ibun; kagenep cai hujan; katujuh cai kempel. Sarta dingaranan cai mutlak, tegesna cai wungkul, henteu kacampuran ku barang nu séjén. Jeung deui henteu sah wudu atawa mandi wajib, atawa ngilangkeun najis ku cai anu asal geus kacampuran ku nu lian tidinya: ku tipung, atawa ku cai anggur, atawa ku cai dalima atawa ku nu lian tidinya, sarta owah rasana; anging lamun kacampuran ku leutak atawa ku uyah laut, maka cai éta sah baé dipaké wudu, atawa dipaké mandi, atawa ngilangkeun najis, karana susah diraksana.


  1. rein co reinigend water. Deze plants moge dienen om Keijzer (Handboek pag 32) te emendern, waar gesproken wordt van rein en gerenigd water. Zie ook: Abou-chodja pag.4