Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Ari ukuranana cai, anu manjing kana dua kulah téa, éta kudu aya jerona sahasta saparapat hasta, rubakna panjangna litu kénéh baé, upama dina enggon pasagi sabab béda jeung nu buleud. Ari dina wadah buleud upama urang hayang nyieun kulah buleud, éta kudu aya jerona dua hasta setengah, ari rubakna kudu aya sahasta. Pasal ari barang-barang anu najis [1] éta pirang-pirang rupana. Sahiji anjing; kadua babi [2], paéhna atawa hirup anjing téh atawa babi téh, éta sarua baé; katilu tahi sakabéh héwan atawa jalma atawa lian, anging tahi kabéh najis; kaopat sakabéhna getih, sakabéh lian tina haté jeung kalilipa; kalima sakabéhna utah-utah; kagenep nya éta kaluar tina dakar atawa tina parji, ukur nanggung anu burat atawa ngagéndong atawa cikiih; katujuh wadi, nya éta anu kaluar


  1. najis en nadjasat zijn de veronteinigende zaken. HADATH, sund. hadas, de toestand van geringe onreinheid. ADJNAHA, sund:hadas gedé, die van groote onreinheid
  2. babi is maleisch; bagong soendasch