Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

hanteu tetep diukna. Kaopat paantelna kulit lalaki anu pada gedé jeung awéwé sarta anu lain muhram, tegesna muhram éta baraya-baraya anu hanteu meunang ditikah. Kalima ngaragap dakar atawa parji. Ari liang parji anu matak batal dicagap ku dirina, nya éta antara kaluar jeung kajero; sarta hiji awéwé ség mandi, ség sampingna sangsangkeun dina pager atawa dina naon-naon baé, upama ség diheureuy ku salaki; sampingna dicokot, sarta disumputkeun, meureun ana rék hanjat luak-lieuk néangan sampingna, sarta boga wulu éta, lamun kitu ditutupkeun parji ku leungeun, hanteu matak batal, masih nepi ka imahna ogé ti pancuranana, upamana deuleuh salaki atawa deungeun-deungeun baé; ananging ku lalaki dicabak ulah mun parji, awakna ogé, batal; wallahu'alam. PASAL ARI ANU DIHRAMKEUN atasna jalma, aya hadas leutik, opat perkara. Sahiji salat atawa sujud tilawat, atawa sujud sukur, atawa maca kutbah. Kadua tawaf di bétullah. Katilu ngaragap kur'an. Kaopat nanggung kur'an, anging lamun kur'an téh dianutkeun jeung barang-barang anu séjén, maka nya éta halal. PASAL ARI SABAB WAJIB mandi[1] lima perkara. Sahiji anu paéh, tatapi lain paéh perang sabil. Kadua saat getih bolon. Katilu saat getih nipas. Kaopat ngajuru. Kalima nanggung hadas gedé atawa jinabat, éta hasil ku sabab kaluar mani, atawa ngasupkeun hasyifah kana jero parji


  1. Even als bij het bad (GHOSL) eene paragraaf handelt over wat het bad ...