Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

awéwé. Ari anu diharamkeun atas anu aya junub[1] éta genep perkara. Sahiji salat, atawa sujud tilawat, atawa sujud sukur, atawa maca kutbah juma'at. Kadua tawaf di bétullah. KAtilu ngaragap kur'an. Kaopat nanggung kur'an anu hanteu dianutkeun jeung barang-barang anu lain. Kalima maca kur'an, sarta seja maca kur'an. Kagenep cicing di jero masjid atawa kukurilingan di jero masjid. PASAL ARI PERLU MANDI téa éta dua perkara. Sahiji niat mandi ngilangkeun hadas gedé sarta dibarengkeun niat téh jeung mimiti ngumbah badan. Kadua, ngadatangkeun cai anu mutlak kana badan sakabéhna kudu rata[2]. PASAL ARI PERLU TAYAMUM éta lima perkara. Sahiji, niat tayamum, supaya ngameunangkeun kana salat, sarta wajib dibarengkeun niat téh jeung mimiti mindahkeun taneuh kana leungeun. Katilu ngusap beungeut ku taneuh nepi kana sikuna sakali, kudu rata. Kalima kudu tartib, tegesna: parélé atawa rata. PASAL ARI ANU NGABATALKEUN kana tayamum, éta kumaha cara anu ngabatalkeun kana wulu baé, ngan genep manggih cai saméméhna salat lamun tayamum, sabab euweuh cai. PASAL ARI SARAT sahna tayamum éta dalapan perkara; sahiji islam; kadua pinter; katilu suci tina blon jeung tina nipas; kaopat geus yakin heula apes[3] maké cai; kalima kudu geus manjing waktuna salat; kagenep ku-


  1. JUNUB de persoon, die in den toestand van JANABAT is gekomen
  2. Hier is de bedoeling TARTIB.
  3. apes duidt zoowel de onmogelijkheid aan om water te gebruiken als de zwakte van een zieke, voor wien het gebruik van water gevaarlijk zou zijn.