Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

du tayamum ku taneuh anu suci, sarta anu aya beledukna[1], anu lain urut maké; katujuh nganyahokeun kana sakabéh perluna; kadalapan ulah salat dua perlu ku sahiji tayamum. PASAL ARI saeutikna bolonna éta sapoé-sapeuting[2]; ari kaprahna suci antara dua puluh atawa dua puluh opat poé. Ari sakurang-kurangna mangsa nipas éta opat puluh poé, ari pangréa-réana mangsa nipas éta genep puluh poé. PASAL ARI ANU DIHARAMKEUN ÉTA DINA AWÉWÉ BOLON JEUNG ANU NIPAS éta sapuluh perkara. Sahiji salat, atawa sujud tilawat, atawa sujud sukur, atawa maca kutbah juma'at; kadua tawaf di bétullah; katilu ngaragap kur'an; kaopat nanggung kur'an sarta hanteu dianutkeun kana banda-banda séjén; kalima maca kur'an; kagenep cicing atawa kukurilingan di jero masjid; katujuh jima'; kadalapan ditalak; kasalapan puasa; kasapuluh beberesih 'ibadah mandi, atawa wulu atawa lian tina ihram. KITABU 'SH-SHALATI. Ieu kitab nétélakeun hukum salat. Ari sarat wajib salat éta lima perkara: sahiji islam; kadua 'akal; katilu balég; kaopat suci tina bolon; kalima suci tina nipas. Ari sarat sah salat éta aya genep perkara. Sahiji suci tina hadas gedé jeung tina hadas leutik; kadua suci tina najis


  1. sunt enim qui nihil huic ritui aptum putant, nisi cui aliquid pulveris adhaereat. Relandus p. 83.
  2. Over den duur can de menstruatie of liever over de daarmede in verband staande voorschriften voor TALAQ (verstooting) en 'IDDAH (afzondering) bestaat verschil van meening bij de regtageleerden.