anu hanteu dima'ap; katilu kudu nyanghareup ka kiblah; kaopat kudu nutup orat; kalima kudu nganyahokeun kana perluna salat kabéh; kagenep kudu nganyahokeun panjingna waktuna. Ari orat jalma lalaki téa éta ti luhurna wates bujal, ti handapna wates tuurna. Ari orat awéwé téa nya éta sakabéhna badan sajabana tina beungeut, jeung leungeun semet pigeulangna kacongokeun: ari orat awéwé keur di jero salat; orat awéwé di luar salar mah, nya éta badan[1], sanajan tuurna sanajan buukna ogé, lamun dijeueung ku lalaki anu lain muhram, haram. PASL ARI SALAT anu diperlukeun dina sapoé-sapeuting éta lima waktu; nya éta salat lohor opat raka'at; ari awalna lohor éta sanggeus lingsir matapoé ka jihat kulon, ari ahirna éta barang datang kalangkang, upama jalma nangtung kana saadegna sajabana tina panjangna kalangkang tengah poé. kadua salat asar, nya éta opat raka'at; ari awalna waktu asar éta sanggeus liwat saeutik tina kalangkang tengah poé, ari ahirna éta méméhna surup matapoé. Katilu salat magrib, nya éta tilu raka'at; ari awalna waktu magrib éta datang ka méméhna surup méga beureum. Kaopat waktu 'isa; ari awalna waktu 'isa éta ka méméhna pajar sidik. Kalima waktu subuh, nya éta dua raka'at; ari awalna waktu subuh nya éta sanggeus pajar sidik, ari ahirna waktu subuh éta datang ka bijil matapoé sakabéhna buleudna. PASAL ARI RUKUN SALAT ÉTA TILU-WELAS PERKARA. Sahiji niyat dina haté; kaduwa maca takbiratul-ihram, nya éta: Alla-
- ↑ de sluijering der vrouw hier ingevoegd wordt in geen klassiek compendium gevonden, noch Firoezabadzi (Keijzer), noch Aboe Sjodja, noch von Tornauw maken ar melding van.