Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

hu akbar; katilu kudu nangtung bener; kaopat maca patihah dina unggal-unggal nangtung, sundana dina unggal raka'at; kalima ruku' sarta tumaninah; kagenep i'tidal sarta tumaninah; katujuh sujud sarta tumaninah dua kali saraka'atna; kadalapan diyuk antara sujud duwa kali sarta tumaninah; kasalapan diyuk karana maca tahiyat ahir; kasapuluh maca tahiyat ahir; kasawelas maca salawat ka nabi shallallaahu 'alayhi wasallam dina tahiyat ahir; kaduwa welas maca assalaamu'alaykum sakali anu mimiti dina ahirna salat; katilu welas tartib, ngaheulakeun anu baris tiheula, mandeurikeun anu baris pandeuri, sajabana tina takbiratul ihram mah. PASAL ARI SARAT SAH SALAT PERLU ÉTA opat perkara. Sahiji niyat salat perlu dina haté kana migawé salat; kaduwa kudu dibaca keur nganyatakeun nyebut waktuna dina haté, luhur atawa asar; (katilu)?[1]; kaopat kudu dibarengkeun niyat téh sarta takbiratul ihram. PASAL ARI SARAT SAH MACA TAKBIRATUL IHRAM ÉTA SAWELAS perkara. Sahiji kudu dibaca keur nangtung; kaduwa kudu dibaca keur nyanghareup ka kiblat; katilu kudu lapal allahu akbar, hanteu beunang ku nu séjén; kaopat kudu tartib antara duwa kalimah takbir; kagenep kudu didéngé ku ceuli manéh baé; katujuh ulah ditukeurkeun hurupna kana hurupna séjén; kasalapan ulah ditambahan, ulah dikurangan tasjidna; kasapu-


  1. Wat is dan der derde?