Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

luh ulah ditambahan ku wau dina antara duwa kalimah takbiratul ihram; kasawelas ulah dibaca mad dina bana jeung dina hamjah. PASAL ARI sarat sahna maca patihah éta tujuh perkara. Sahiji kudu ngaraksa kana hurupna, tegesna: ulah dipatukeurkeun jeung ulah dikurangkeun hurupna; kaduwa ulah dikurangan tasjidna anu opat welas téa; katilu kudu bener babarisanana; kaopat kudu tartib macana; kalima kudu mu'alat[1] macana; kagenep kudu dibaca keur nangtung, lamun kawasa; katujuh kudu kadéngé ku ceuli manéh baé. PASAL ARI SARAT SAH RUKU' ÉTA LIMA PERKARA. Sahiji kudu condong awakna sakira-kira nepi tapak leungeun kana tuurna; kaduwa kudu tumaninah sakabéh badan; katilu kudu dihaja pangruku'na. PASAL ari sarat sah i'tidal téa éta tilu perkara. Sahiji kudu datang ka nangtung bener cengkatna tina ruku'; kaduwa kudu tumaninah sakabéh badan; katilu kudu dihaja pangi'tidalna. PASAL ARI SARAT SAH SUJUD ÉTA TUJUH PERKARA. Sahiji kudu tumaninah; kaduwa kudu ngantelkeun tarangna saeutik kana pasujudanana, sarta ulah kahalangan ku barang-barang anu séjén; katilu kudu neundeun tuurna rikah[2] kana enggon; kaopat kudu duwa tapak leungeun sarta batin ramona kana enggon sujudna; kalima kudu ngaluhurkeun bobokongna manan sirahna; kagenep kudu dihaja pangsujudna; katujuh (?). PASAL ARI SARAT SAH DIYUK ANTARA DUWA SUJUD éta duwa perkara. SAhiji kudu diyuk sarta tumaninah; kaduwa kudu dihaja pangdiyukna. PASAL ARI SARAT


  1. mu'alat weet ik niet te vertalen.
  2. rikah. Het voorschift is mij van elders bekend; het woord niet.