Kaca:Kitab Pakih Soenda.pdf/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

maca tahiyat jeung maca salawat jeung awéh salam éta lima perkara. Sahiji kudu bener hurupna; kaduwa kudu ulah dikurangan tasjidna; katilu kudu bener babarisanana; kaopat kudu kadéngé ku ceuli manéh; kalima kudu dibaca bari diyuk, lamun kawasa diyukna. PASAL anu ngabatalkeun kana salat éta sawelas perkara. Sahiji panggawv réya-réya kaya ngaléngkah tilu léngkah, halna nuli-nuli atawa mupuh-mupuh; kaduwa nambahan rukun anu bangsa panggawé dihaja; katilu ngarurangan rukun halna dihaja; kaopat nyatu atawa nginum, halna dihaja, sanajan hanteu réya-réya; kalima kadatangan najis kana badan atawa kana samping, najis anu hanteu dima'ap; kagenep kadatangan hadas gedé atawa hadas leutik; katujuh kabuka orat, halna hanteu digeuwat ditutupkeun sapadaharita; kadalapan nukang ka kiblah dadana; kasalapan ngaluwarkeun suwara duwa hurup atawa sahurup, lamun aya hartina kaya ngomong atawa ceurik, atawa humarurung, atawa ngadéhém; kasapuluh owah niyat atawa ngagantungkeun megatkeun salat ku barang-barang kalakuan; kasawelas murtad. PASAL ARI SARAT SAH SALAT BARJAMA'AH ÉTA DUWA-WELAS PERKARA. Sahiji ulah nangtung dihareupna imam keuneungna; kaduwa kudu nyaho kana sakabéhna takbir imamna, pindahna tina sahiji rukun kana rukun séjén; katilu kudu kumpul imam jeung ma'mum dina enggon sahiji; kaopat kudu muwapakat aturanana salat