Kaca:Kitab Tashowwuf.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

banda eta sipat kacelaan deui sarta dicela ku syara, eta nyaeta panggedena anu matak cilaka di aherat, karana lahir Alloh Ta'ala, “Ulah disangka jalma hade jalma nu sok ngoretkeun paparin Alloh Ta'ala teh leuwih gorengna, sarta mangkena eta barang anu dikoretkeun teh dina poe kiamat dikongkorongkeun kana beuheungna.

Ari barang atawa banda tea terkadang anu dipuji ku syara tea nyaeta anu dipake sidkoh, jeung dipake munggah haji, jeung sakabeh anu dibalanjakeun kana jalan aherat. Ari banda anu dicela ku syara tea nyaeta, anu dibalanjakeun kana jalan ma'siyat, jeung dipake ngumbar hawa napsu anu hanteu mangpaat ka aherat.

Ari Hubbul Jaahi, tegesna boga hate hayang kasohor eta dicela deui ku syara, karana lahir Alloh Ta'ala, “ Ari nagara aherat teh pang dijadikeun nana ku Aing eta pikeun jalma anu hanteu karep kaagungan di bumi, jeung pikeun jalma anu hanteu hayang kasohoran di bumi, jeung pikeun jalma anu hanteu nyilakakeun ka pada manusa di bumi, jeung deui ari surga eta pikeun jalma anu sieun ka Alloh Ta'ala”. jeung deui geus ngalahir Imam Al Ghozali Rohmatullohi Ta'ala, “Kanyahokeun ku maneh satemen-temenna basa Jaati eta sohor sebutan nana ka jalma loba, ari hayang kasohor tea nyaeta dicela ku syara anging jalma anu disohorkeun ku Alloh Ta'ala karana ngamashurkeun agamaNa jeung dunyaNa.

Ari Hubbud dun-ya, nyaeta dicela ku syara karana resepan kana dunya teh nyaeta asal sagala sipat anu kagorengan anu nyilakakeun ka manusa. Ari anu dikarepkeun dunya teh nyaeta saban-saban kalakuan samemeh paeh