Kaca:Kitab Tashowwuf.pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
اعوذبالله من الشيطان الرجيم
بسم الله الرحمن الرجيم

Wabihi nasta'iinu billaah. Hé sakabéh jalma anu mukalaf jeung anu ngarah kasenangan di ahérat, ari manéh téh wajib kudu ngaraksa badan sumawonna anggohota manéh anu tujuh ulah migawé doraka anu dicegah ku Alloh ta'aala nya éta manéh mudu ngaraksa jeung mata jeung ceuli jeung létah jeung beuteung jeung farji jeung leungeun jeung suku. Karana ari naraka jahanam téh tujuh lawangna jeung hanteu aya hiji jalma anu migawé asup kana salah sahiji lawang naraka jahanam éta anging jalma anu migawé doraka ku anggohotana anu tujuh téa. Ari mata téa anu matak diayakeun di manéh ku Alloh ta'ala nya éta supaya manéh meunang pituduh mata téh dina sakabéh eunggon anu poék di laut atawa di darat jeung supaya manéh meunang ménta tulung mata téh kana ngalaksanakeun sakabéh karep manéh jeung supaya manéh bisa jeueung ku mata téh kana sakabéh anu alus, jeung kana sakabéh anu ahéng, di luhur langit jeung di jero bumi. Ari sanggeus dijeueung kudu dipaké tanda anu nuduhkeun kana ayana dzat Alloh ta'ala jeung sakabéh sifatna. Ari raksaeunana mata téh aya