Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56

djamboe dina roejoek. Barang geus meunang sababraha, toeloej manehna nendjo sajang engang, ngagantoeng dina kai. Si Salim atoheun pisan, sarta ngomong: „Lah, eta sajang engang koe aing rek ditimboel, sarta lamoen engang ngoedag ka aing, aing rek loempat njamoeni ka saoeng.”

Toeloej eta sajang ditimboel koe batoe běněran pisan. Engang haliběr kaloewar, toeloej ngaroedag njareureudan kana beungeutna djeung kana awakna. Si Salim gegěroan, menta toeloeng ka bapana sarta goegoelingan. Teu lila bapana datang, geuwat Si Salim dirontok sarta dibawa loempat ka saoeng. Geus kitoe bapana njaboet ikětna, dipake ngěpoek eta engang něpi ka bejak paraeh. Tapi beungeutna djeung awakna Si Salim barareuh sarta manehna teu bisaeun leumpang, balikna oge digandong koe bapana. Ari datang ka imahna ditambaän, tapi tjageurna rada lila, datangka sababraha minggoe manehna teu daekeun oelin deui.


XXXI. LOERAH.

Dina hidji distrik aja hidji desa, beres pisan pamarentahanana, datangka loerahna meunang gandjaran ti Gouvernement bintang paroenggoe. Eta loerah pintěr sarta soehoed ngalampahkeun pagawean. Naha maraneh njaho, naon pagawean loerah djeung sabraha djalma noe noeloeng?

Ari noe djadi parentah-desa nja ijeu: loerah, djoeroetoelis, poelisi, mandor, toewa-kampoeng, oeloe-oeloe djeung lĕbe.