Kaca:Mangle, nja eta roepa-roepa tjarita reudjeung tjonto.pdf/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66

sampean keukeuh mah, seug, tapi koedoe dáek sapamenta kaoela.”

Kate: „Seug; naon atoeh kahajang sampean teh?”

Pa Kasrem: „Geura reungeukeun, kaoela rek njarita heula: Kaoela teh djadi toekang tani sarta malarat, ari kaboga taja deui ngan sawah saeutik, woeloekoe hidji djeung moending leutik sarakit, koesabab kitoe ari dipake digawe teh sok ripoeh. Lamoen sampean daek noekeuran mah koe woeloekoe anoe aloes, noe seukeut landjamna, noe hampang ditarikna, toer gampang dipakena digawe, taja sawijos, djeung sawah kaoela hajang loba beubeunanganana.”

Kate: „Henteu aja deui pamenta sampean teh?”

Pa Kasrem: „Teu aja.”

Kate: „Eta mah seug, kadijeukeun bae sapatoe teh, kaoela rek balik.”

Pa Kasrěm: „Na mana ari woeloekoena?”

Kate: „Edas! koe keukeuh woeloekoe-woeloekoe bae. Heug kitoe nja kitoe, tjig ajeuna geura tejang ka pipir imah.”

Tidinja Pa Kasrěm toeloej ka pipir, ěnja eta woeloekoe teh geus aja. Geus kitoe sapatoe teh dibikeun, teu lila eta djalma kate leungit.

Isoekna eta woeloekoe toeloej diadjaran, ěnja seukeut pisan, hampang dipakena. Dina oesoem diboewat beubeunanganana eta sawah katjida pisan leuwihna batan ka toekang. Saban taoen kitoe bae, datangka lila-lila Pa Kasrěm djadi soegih, tjoekoep pikeun maraban djeung mere make anak ewena.

Tah kitoe kadjadianana djalma anoe běněr teh. Tjik měnding mana, djadi Pa Kasrěm atawa djadi Ki Dipa?