Kaca:Mustika Puraga Jati Sunda.djvu/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Mustika Puraga Jati Sunda

  • Ngamabasa jadi mibasa.
  • Ngamabanda jadi mibanda.
  • Ngamawasa jadi miwasa.
  • Ngamawanda jadi miwanda.

 Ka - Ma, Sari ning Pati Cikal Bakal, cukang lantaran ti nu sa asal, pi bahaneun wadah Sukma, RahMani ti sajatining nu kagungan Jadi.

 Nga Ma = Nyawujudna RahMani nu sa asal pikeun ngawaruga jatiNa. sajati ning Hirup. Jadi Pangakuan, jeung Pangalakuan. Mun diaku kudu jadi Laku jeung Lampah.

 Sunda, nyangking pancén, nyusun deui anu katunda, dina sasari ning waruga anu geus ngajati, sangkan Sampurna nitis Sawaraga, (sawaruga). dina Sora Uga nu Sampurna.

 Sampurna na, nyata dina Campurna sakabeh anu kawasaan kunu asal, gumulung nyangking sajeroning Cangkang ngawujud rupa nu kasipatan (Waraga).

Satiap Anggahuta badan, anu miwanda ciri dina sadirina, teges mibanda cara saragana, ngawatek Pancer Séwangan, tetep ngarujak-ngarujuk, Tunggal SaDaMi, sa wasa-wasana, aya pangawasa jeung awasna:

  • Awas kana wasa, keur ngaAwas keun naon anu di wasakeun ku, pangawasana.
  • Wasa anu di kawasakeun jadi pangawasana, teges dina ngawasakeunana.

Susunan wali Sawaraga anu Nawaruga:

Wasana Panga-wasana Ngawasakeun-na-na.
1. Panon Tingal. Sidik = ka anu di Reungeu
35