Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/1019

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
1005
DJAKARIA 10, 11.

PASAL 10.

Geura pada njoehoenkeun hoedjan ka Pangeran keur oesoem hoedjan pandeuri! Nja Pangeran noe ngadaměl kilat; tangtoe ka maranehanana maparin hoedjan ngidjih keur saroepaning pěpe-
  1. lakan dina lahan. 'Karana a tapekong teh ngaromongna kosong, djeung ahli noedjoem teh marělěngna bohong, sarta pada njatoerkeun impian gapong, noe dipake ngalilipoer sija-sija; sabab kitoe djalma pada ngalantrah bae sapěrti domba, pada datang ka balangsak, doemeh
  2. euweuh pangangon. 'Kami bangět nja běndoe ka sakoer pangangon, djeung kami rek njiksa ka sakoer b badot; karana Pangeran sawadya-balad ngalajad ka ingon-ingonna, nja eta ka anak-intjoe Joeda, sarta bakal didjadikeun sapěrti koeda andjeunna noe leuwih moelja
  3. dina pěrang. 'Nja ti eta pibidjileun batoe djoeroe, nja ti eta pibidjileun pantjoeh, nja ti eta pibidjileun gondewa pěrang, nja ti eta pibidjileun sakoer bobotoh
  4. sarejana. 'Sarta maranehanana pidjadieun saperti djalma prawira, nintjakan leutak loeloeroeng dina pěrang; gěr pada pěrang, karana Pangeran noenjarěngan ka maranehanana, sarta pada ngerakeun
  5. noe taroempak koeda. 'Djeung kami rek ngabědaskeun anak-intjoe Joeda, sarta anak-intjoe Joesoep koe kami rek disalamětkeun, bari diparoelangkeun, sina matoeh deui; karana koe kami rek diwělasan, sarta pidjadieunana sasat koe kami tadi teu dipitjeun; karana kami, Pangeran, Allahna, sarta maranehanana
  6. koe kami tangtoe dikaboel. 'Ari oerang Epraim teh pidjadieun saperti djalma prawira, djeung c pada boengah atina kawas koe anggoer; malah anak-anakna bakal narendjo eta, bari baroengaheun; pada gěrah atina koe hal Pangeran.
  7. 'Kami bakal d noektroek maranehanana, dikoempoelkeun, karana koe kami rek dileupaskeun; tidinja bakal ngalobaän,
  8. sakoemaha ngalobaänana tadi. 'Geus kitoe maranehanana koe kami bakal disebar-sěbarkeun di bangsa noe reja, djeung bakal njarěboetkeun kami di noe djaraoeh; tangtoe pihariroepeun djeung
  9. anak-anakna, sarta maroelang. 'Da maranehanana koe kami rek diparoelangkeun e ti tanah Měsir, djeung dikoempoelkeun ti tanah Asoer, bari diasoepkeun ka tanah Gilad djeung ka tanah Libanon, tatapi moal asoep sakabeh.
  10. 'Sarta andjeunna bakal meuntas něroes laoet Kasoekėran, djeung bakal meupeuh laoet Ombak; ari sakabeh leuwi tji Ĕnil bakal saraät, kamagoengan Asoer bakal ditoeroenkeun, djeung tětěken karadjaän Měsir bakal leungit.
  11. 'Děmi maranehanana mah koe kami rek dibědaskeun di djero Pangeran; sarta pada piloemakoeëun di djěro padjěněngan andjeunna, lahiran Pangeran.
    a Jės. 41:29; Jěr. 29:8. b Jės. 14:9. c Djab. 104:15. d Jės. 5:26; 7:18. e Jěs. 11:11.

PASAL 11.

Eh, Libanon! geura boekakeun panto maneh, a soepaja seuneu ngahakan
  1. sakoer ki poetri maneh. 'Eh, ki djamoedjoe! geura midangdam, sabab geus roeboeh ki poetri; karana noe maroelja teja geus digěmpoer. Eh, ki pasang Basan! geura pada midangdam, sabab leuweung
  2. santosa teh geus ngagěbroeg. 'Aja sora midangdam pangangon, sabab kamoeljaänana geus digěmpoer; aja sora gėgěroengan singa ngalora, sabab b kama-
  3. goengan tji Jordan geus digěmpoer. 'Kijeu timbalan Pangeran, Allah kaoela: Geura angon eta domba peuntjiteun;
  4. 'karana noe ngabogaan mah mareuntjit bae ka dinja, djeung teu roemasa salah; sarta noe ngadjoewalna ngomong: Sagala poedji ka Pangeran ! karana aing datang ka beunghar; djadi pangangonna teu aja karoenjana ka eta domba-dom-
  5. ba. 'Noe matak kami ka djalma eusi boemi moal mikaroenja deui, lahiran Pangeran; satěgěsna kami rek njěrahkeun manoesa, hidji-hidji ka leungeun batoerna djeung ka leungeun radjana, masingna pada ngaroeksakkeun boemi; sarta koe kami moal dileupaskeun ti
  6. leungeunna. 'Prak kaoela ngangon eta domba peuntjiteun, geus poegoeb domba noe balangsak. Sarta kaoela njokot doe wa iteuk pikeun kaoela; noe hidji koe kaoela diseboetkeun Karěsěpan, ari noe hidji deui diseboetkeun Katoenggalan; toeloej domba teh koe kaoela diangon.
  7. 'Djeung kaoela njingkirkeun noe tiloe pangangon di djěro saboelan; karana