Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/1125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
koetan lain leuwih pisan ti batan ma-
  1. noek-manoek? 'Saha pělěbah maraneh anoe bisa nambahan oemoer koe saåsta,
  2. tina salěmpangna? 'Lamoen maraneh hanteu bisa migawe pěrkara noe pangleutikna, nahamana salěmpang koe pěr-
  3. kara noe sedjen? 'Geura arawaskeun pětana bakoeng, dina ngagědeanana; eta tara baranggawe, tara nganteh; ari kami ngalahir ka maraneh: sanadjan Soeleman oge, sakitoe gěde kamoeljaanana, panganggona hanteu něpi ka hidji
  4. eta kěmbang bakoeng.'Lamoen djoekoet-djoekoet, anoe aja poë ijeu di těgal, ari isoekna dialoengkeun ka pameuleuman, koe Allah didangdanan sakitoe: pon pilalagi maparin papakean ka maraneh,
  5. eh djalma noe koerang pertjaja! 'Ari maraneh teja, oelah nanjakeun pihakaneun atawa piinoemeun; djeung oelah sok
  6. mangmang. 'Karana b sagala pěrkara noe kitoe teja sok disalijar koe bangsa-bangsa di doenya; ari Rama maraneh langkoeng oeninga, jen maraneh kakoe-
  7. rangan eta sakabehna pěrkara. 'Nja koedoe pada nejangan karadjaän Allah; sanggeus kitoe eta sakabehna pěrkara tanwande diwoewoehan ka maraneh.
  8. 'Oelah sarijeun, c eh goendoekan saeutik! karana kasoeka Rama maraneh teh pimaparineun karadjaän nja ka mara-
  9. neh. 'Djaroewal d babandaån maraneh, pake mere siděkah. Geura njarijeun pikeun diri maraneh kandjoet noe teu keuna koe boetoet, radja-brana noe teu pisoedaeun, anoe aja di sawarga; nja ka dinja noe maling hanteu něpi, djeung
  10. toko hanteu ngaroeksak. 'Karana di mana bae ajana radja-brana maraneh, nja di dinja piajaeunana hate maraneh oge.
    a Mat. 6:25. b Mat. 6:32. c Jěs. 41:14; p. 22:29. d Mat. 6:19; p. 16:9; 18:22.
  11.  Tjangkeng maraneh a koedoe disaboek, djeung damar maraneh koedoe
  12. hoeroeng. 'Sarta maraneh sing sapěrti djalma noe ngadagoan pimoelangeunana djoeragan ti noe siděkah kawinan; soepaja dimana datang, djoeragan ngětrokan panto, gantjang ngaboekakeunana.
  13. Salamět badegana, noe kasampak njaring koe djoeraganana, mangsa datang! Satěměnna, kami ngalahir ka maraneh: eta djoeragan bakal disaboek, toeloej badega-badegana teh disina ngarijoeng, seug disampeurkeun sarta dilalajanan.
  14. 'Djeung c oepama datangna dina waktoe ronda noe kadoewa, atawa dina waktoe ronda noe katiloe, kasampak kitoe pětana, tangtoe salamět badega
  15. teh. 'Sarta c maraneh masing nganjahokeun, ari noe boga imah, oepama njahoëun kana waktoe pidatangeun paling, geus tangtoe njaring bae, moal
  16. dibikeun imahna digangsir. 'Koe sabab eta, d maraneh oge koedoe pada sadija; karana Poetra manoesa teh pisoempingeunana dina waktoe noe hanteu kataksir koe maraneh.
    a Jěr. 1:17; 1 Petr. 1:13. b Mat. 24:42. c Mat. 24:43. d p. 21:34–36.
  17.  Tidinja Petroes oendjoekan: Noen Goesti! andjeun ngalahirkeun misil teja ka abdi-abdi bae, atanapi ka sadaja
  18. djalma-djalma? 'Ari lahiran Goesti: a Saha kokolot boemi anoe goemati djeung pintěr teh, noe bakal didjěněngkeun koe djoeragan ngoeroeskeun badega-badegana, baris pimereëun baranghakan ka
  19. darinja dina waktoena? 'Salamět eta badega, noe kasampak koe djoeraganana keur migawe noe kitoe pětana, mangsa
  20. datang. Satěměnna, kami ngalahir kamaraneh: b eta bakal didjadikeun toekang ngoeroes ka sakabeh babandaän
  21. djoeraganana. 'Tatapi oepama eta badega ngomong dina hatena: Djoeragan tangtoe lila pidatangeunana; geus kitoe mimiti neunggeulan ka badega lalaki djeung ka badega awewe, sarta nja-
  22. toe-nginoem datang ka mabok:'kasěděk datang djoeragan badega teja dina poë anoe hanteu katěgoeh, sarta dina waktoe anoe hanteu njahoëun manehanana, toeloej eta dipijasat, sarta bagianana disaroewakeun djeung sakoer noe
  23. hanteu toehoe. 'Ari c badega noe njahoeun ka pikarepeun djoeraganana, tatapi hanteu dangdan, djeung hanteu noeroet kana eta karěpna, bakal di-
  24. teunggeulan kabina-bina; 'tatapi d ari noe teu njahoëun mah, seug migawe anoe mandjing kana siksaän teunggeul, eta bakal diteunggeulan rada enteng. Saha-saha djalma noe diberean loba, dipentana loba deui; sarta saha-saha noe dipihapean loba, dipentana beuki loba.
    a Mat. 24:25; 1 Kor. 4:2. b p. 19:17. c Jak. 4:17. d Sil. 24:12.
  25. Kami noe matak datang rek ngaloeng