Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/791

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
777
JĚSAJA 45.
seubeuhna; samalah sidoeroe, bari ngomong: Euleuh, aing haneut, ngarasa
  1. seuneu. 'Ari sesa kai teja koe eta didjijeun aallahan, keur piartjaeunana; prak soedjoed ka dinja, bari njěmbah, sarta něněda ka dinja, pokna: Moegi-moegi koering leupaskeun; karana nja
  2. adjặngan batara koering! 'Eta teh teu barogaeun kanjaho djeung teu baroga eun pangarti, g wantoe-wantoe panonna dilampat, mana teu bisaeun nendjo, kitoe deui hatena, mana teu bisaeun ngaharti.
  3. 'Djeung koe eta hanteu dipiingět, sarta taja kanjahona djeung taja pangartina baris ngomong kijeu: Saparona koe aing geus didoeroek di djěro seuneu, samalah dina roehakna aing meuleum roti, ngagoreng laoek, bari seug dadaharan; naha sesana koe aing rek didjijeun kagiroe-
  4. kan, rek soedjoed ka sapotong kai? 'Eta teh njatoe lěboe; kasimpangkeun koe hate kabělědjog, noe matak teu bisaeun ngaleupaskeun njawana, sarta teu ngomong kijeu: Naha leungeun aing lain njěkěl bohong?
    a p. 41:4; 48:12; Wahj. 1:8, 17. b p. 43:10, 12. c 1 Sam. 2:2. d p. 41:29; 45:16. e Jěr. 10:14. f Jěr. 10:3. g p. 6:10; 45:20.
  5.  Eh Jakoeb! eh Israil! ingětkeun noe tadi; karana maneh teh abdi kami; nja kami noe ngadjadikeun ka maneh; estoe maneh teh abdi kami; eh Israil! maneh
  6. koe kami moal dilalikeun. 'Kamasijatan maneh a koe kami geus dileungitkeun sapěrti měndoeng; kitoe deui dosa-dosa maneh sapěrti mega. Geura balik ka kami; karana maneh koe kami geus
  7. didjait. 'Eh langit! b geura sēnggak; karana Pangeran geus ngadaměl kitoe; eh ěnggon boemi noe harandap! geura saroerak; eh goenoeng-goenoeng, leuweung djeung sakabeh kakaian anoe aja di djěrona! geura barerag sằnggak; karana Pangeran geus ngadjait Jakoeb, djeung nawiskeun kamoeljaänana di Israil.
    a p. 43:25; 45:22. b Djab. 96:11; p. 49:13.
  8. Kijeu timbalan Pangeran, noe ngadjait ka maneh, sarta noe ngadjadikeun ka maneh ti waktoe dikandoeng teja: Kami teh Pangeran, noe ngadaměl saniskara; a noe masangkeun langit njalira, noe
  9. meberkeun boemi koe manten; 'noe ngaboeroengkeun tanda-tanda toekang soewaban, sarta ahli.noedjoem pada digelokeun; noe ngoendoerkeun djalma palintěr ka toekang, sarta elmoena digě-
  10. djoelkeun; 'noe ngajakinkeun omongan abdina, djeung ngalaksanakeun papatah piwaranganana; noe nimbalan bal Jěroesalem, jen tangtoe dieusian deui; kitoe deui hal nagara-nagara Joeda, jen tangtoe didjelěgkeun deui, sarta tarikolotna koe kami tangtoe diaraděgkeun deui;
  11. 'noe nimbalan ka tjai djěro: b Sing saät! djeung sakoer waloengan maneh koe
  12. kami rek disina toehoer; 'noe nimbalan c hal Kores: Eta teh pangangon kami sarta tangtoe ngalaksanakeun sapangěrsa kami, bari marentah hal Jeroesalem, jen koedoe didjělégkeun deui; kitoe deui hal kabah, jen koedoe diaděgkeun deui.
    a p. 42:5. b p. 43:16. c p. 41:25; 45:1.

PASAL 45.

Kijeu timbalan Pangeran ka lisahan andjeunna, ka a Kores, noe koe kami ditjandak leungeunna, kersa naloekkeun bangsa-bangsa ka hareupeunana; sarta kami rek moekaän saboek radja-radja; kěrsa moekakeun panto-panto ti heulaeunana, sarta lawang-lawang moal aja
  1. noe meundeutkeun:'Kami rek angkat ti heulaeun maneh, ngaratakeun sakoer noe ngaroenggoenoek; b ari panto tambaga koe kami rek dibarědjadkeun,
  2. sarta toelak beusi rek dipotongan. 'Malah kami ka maneh rek maparin doenyabrana ěnggon poëk, djeung pěpěnděman ěnggon boeni; soepaja maneh nganjahokeun, jen kami Pangeran, Allah Israil, anoe njaoer ka maneh, c disěboet ngaran.
  3. 'Koe karana abdi kami Jakoeb, nja eta Israil, anoe beunang kami milih, noe matak maneh koe kami disaoer, diseboet ngaran; kami nělahkeun ka maneh, kilang maneh tatjan njaho ka kami.
  4. 'Ijeu d kami Pangeran; taja deui; taja Allah djaba ti kami; eta kami kersa njaboekan ka maneh, kilang maneh tatjan
  5. njaho ka kami. 'Soepaja djalma pada nganjahokeun ti sěmět pangbidjilan panon-poë sarta ti sěmět pangsoeroepanana, jen euweuh deui djaba ti kami;
  6. nja kami teh Pangeran; taja deui. 'Kami e noe ngadjadikeun tjäng sarta noe ngajakeun poëk; f noe ngadaměl kasalamětan djeung noe ngajakeun katjilakaän;