Kaca:Pĕrdjangdjian anjar.pdf/933

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
919
JĚHESKEL 34.
  1. sarta rek diloris. 'Sapěrti pangangon ngaloris goendoekanana, keur mangsa ajana di těngah dombana noe paboerantak, nja kitoe kami mengke ngaloris domba kami, sarta koe kami rek dilaleupaskeun ti saniskara enggon ajana dipabalěntjarkeun f keur poěan měn-
  2. doeng nja angkeub teja. 'Estoe g koe kamirek dika-loewarkeun ti sagala bangsa, nja dikoempoelkeun ti sagala tanah, bari dipoelangkeun sakali ka tanahna sorangan; geus kitoe koe kami bakal diarangon dina goenoeng-goenoeng Israil, dina wahangan-wahangan djeung dina sakabeh ěnggon tanah geusanna
  3. tjitjing; 'nja diangonna koe kami dina pangangonan aloes, sarta di goenoeng İsrail noe laloehoer pipakandanganeunana; di dinja maranehanana pingabarakeun dina pakandangan ngeunah, sarta bakal diarangon dina pangangonan gěmoek, dina goenoeng-goenoeng Israil.
  4. 'Kami koe andjeun bakalngangon domba kami, sarta kami koe andjeun bakal ngabarakkeun inja, lahiran Goesti Pa-
  5. ngeran. 'Noe leungit koe kami tangtoe ditejangan; noe ngalantrah koe kami tangtoe disina balik; noe potong koe kami tangtoe digěnderan, sarta noe gěring koe kami tangtoe dikoewatkeun; sabalikna noe lintoeh sarta noe koewat mah koe kami tangtoe ditoempoer; diangonna koe kami make hoekoeman.
  6. 'Ari moenggoeh maraneh, domba kami! kijeu timbalan Goesti Pangeran: Masing njaho, kami bakal ngahoekoeman, h misahkeun domba reudjeung domba, kitoe deui ka domba lalaki djeung ka badot.
  7. 'Koetan koe maraneh dikira pěrkara leuleutikan, maraneh njatoean pangangonan noe aloes, wět sesa maraneh njatoean koe maraneh diiděk-iděk ongkoh? kitoe deui maraneh nginoem tjai herang, wět anoe kari koe soekoe ma-
  8. raneh diletjěkkeun ongkoh? 'Ari domba kami karah koedoe njatoean beunang ngiděk-ngiděk maraneh, sarta ngarinoem beunang ngalėtjěkkeun soekoe maraneh?
    a Jer. 23:1. b 3 Moesa 25:43; 1 Petr. 5:3. c Mat. 9:36. d p. 33:8. e p. 22:25. f p. 30:3. g p. 28:25. h Mat. 25:32.
  9.  Koe sabab eta, kijeu timbalan Goesti Pangeran ka maranehanana: Masing njaho, kami koe andjeun bakal ngahoekoeman, misahkeun domba lintoeh reu-
  10. djeung domba koeroe. 'Sapedah sakoer noe halengker koe maraneh dihendelan koe gigir djeung koe taktak, sarta diteunggaran koe tandoek, datang ka dipabalèntjarkeun koe maraneh, disina ka-
  11. loewar: 'noe matak kami rek njalamět keun domba kami, sarta moal pidjadieun deui rajaheun; estoe kami bakal ngahoekoeman, misahkeun domba reu-
  12. djeung domba. 'Sarta kami bakal ngaděgkeun hidji pangangon njangking ka maranehanana; nja eta noe pingango neun maranehanana, a těgěs Dawoed, abdi kami teja; nja eta noe pingangoneun ka maranehanana, sarta nja eta noe pidjadieun pangangon maraneha-
  13. nana. 'Djeung kami Pangeran bakal Allahna, sarta Dawoed, abdi kami teja, noe bakal djadi gěgěden di těngah maranehanana; ijeu kami Pangeran noe
  14. ngandika. 'Djeung deui kami ka maranebanana bakal ngadaměl b pěrdjangdjian kasalamětan, sarta rek ngaleungitkeun sato galak tina tanah; noe matak Pamaranehanana ngarěnggon di těgal lěga bari sěnang ati, kitoe deui haroěs di
  15. leuweung-leuweung. 'Ari eta sakabeh, sarta djeung noe sakoeriling pasir kami, koe kami rek didjadikeun matak berkah; toer kami bakal noeroenkeun hoedjan dina oesoemna, nja piajaeun hoedjan
  16. matak berkah. 'Ari tatangkalan kěbon c bakal ngabidjilkeun boewahna, djeung d boemi bakal ngabidjilkeun hasilna, sarta maranehanana dina tanahna pada sěnang ati; e harita tangtoe pada nganjahokeun, jen kami teh Pangeran, dimana kami geus motongkeun sambilan pasanganana, djeung maranehanana koe kami geus dileupaskeun ti leungeun sakoer noe ngoemawoelakeun maraneha-
  17. nana. 'Sarta maranehanana moal djadi deui rajaheun bangsa kapir, djeung moal dihakan koe sato boemi; istoening pingarěnggoneun sěnang ati, djeung moal
  18. aja noe matak reuwas. 'Sarta f kami bakal ngaděgkeun pikeun maranehanana hidji Tangkal anoe mashoer, malah maranehanana moal kasorang deui koe langlajeuseun dina djěro tanah, djeung moal njarandang deui wiwirang ti oerang
  19. kapir. 'Harita f tangtoe pada nganjahokeun, jen kami Pangeran Allahna