Kaca:PAR 001 Wawacan Pandita Sawang.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

15

dok buleud galatak gulitik, kawasna mah tinggal sirah // ti dinya mah ka alam arwah
ngalih, diruwagna éta alam arwah, leungit sirah sirna kabéh, enggeus hanteu aya wujud,
kantun alam wahidiyah deui, di dinya gentos rupa, cahaya pabaliyut, ét alamun
katénjo mah kawas pisan katumiri eukeur jadi, dina alam wahidiyah / / ti dinya
mah alam éta leungit, gentos deui kana alam wahdat, di dinya rupana séjén,
tinggal cahaya duwa wungkul, rupa bodas reujeung kuning, éta kitu alam wahdat,
rupana téh alus, ti dinya mah gentos alam, éta kari alam hiji deui, alam ahadi
yah téya // di dinya mah taya bodas kuning, geus pagaleuyeut geus jadi tunggal, geus taya
antara baé, tegesna anggeus ngawungkul, caang teu kalawan bukti, hibar teu aya
bukurna, tah agus sing ma'lum, kitu patékadan ama, ku ujang téh ku dilampah
keun deui, pék tuturkeun tékad ama // geus kitumah teu aya pamilih, kuma dinya teu
nganangkutan, kumaha kersana baé, mun tetep di jero kubur, meureun karamah nu
jadi, mun lahir deui ka dunnya, meureun jadi nyurup, nétés deui ka nu aya, jadi
deui gumelar ka alam lahir, ngaran jadi mujijat // aya ogé ama pamilih, patékadan
(la)mun aidinan, tina kubur ngalihna téh, hayang pindah ka nu jauh, ka tengah
na alam kabir, ka ditu ka tanah mekah, ka batur sing campur, sababna asal ti dinya,
ngagelarkeun saayana bumi langit, sarawuh reujeung eusina // mun dipareng bisa
jadi haji, ka(ca)turna di nagara mekah, jadi maunat éta téh, malah ceuk.