Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94
    patingkarĕtip, tarĕtĕр djoemantĕn hoeroeng, lantjingan tjinde kĕmbang, sindjang songket bandjarsari, kasep lĕngkeh kawas Dеwa Kama Djaja.
  1. Раndji Pamitra geus dangdan, panganggo noe sarwa leuwih, nganggo-nganggo kapatihan, noeroetan raden Sĕntjaki, kotjap ĕnggeus tarapti, di paseban pra toemĕnggoeng, balad noe baris mapag, doer bĕdil nginditkeun baris, titihaneun djampana di hoeloe singa.
  2. Ngadjadjar oepatjarana, kaparĕk maranggoel bĕdil, lawe rontekna ngadjadjar, bĕbĕgig heula pandeuri, matak waäs ningali, oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, badawangna ti toekang, dipatoet Soegriwa bali, pada mawa gada siga noe keur pĕrang.
  3. Kоеda kosong kasinoman, heulaeun djampana djoli, rarahab sakĕlat moebjar, koeda malang njirig-njirig, djeung diраjoengan koening, moetoeh matak pisan loetjoe, para mantri ponggawa, patĕgĕр paginding-ginding toenggang koeda pada пjirig tjotjongklangan.
  4. Вroel ngagimboeng bral ngabantaj, indit ti paseban djawi, пgadjoegdjoeg ka kapatihan, teu lila baris geus nĕpi, toeloej rahaden Pandji, nitih djampana noe hoeroeng, ari Pandji Раmitra, poengkoereun rahaden Pandji, nitih koeda malang-malang kĕris ladrang.
  5. Ngarak saloewar nagara, soerakna asa kaindit, gang ging goeng sora gamĕlan, sora tarompet djeung soeling, kotjap di pantjaniti, ĕnggeus koempoel para sĕроеh, hempak para najaka, radja sĕpoeh ĕnggeus linggih, dina korsi papajoen-раjoen djeung poetra.
  6. Ĕnggeus kitoe ladjeung dongkap, radja bakal raden Рandji, loengsoer di latar pamĕngkang, dipadjĕngan gilap koening, diaping para mantri, di pajoen para toemĕnggoeng, ladjeung koe praboe Тjĕmpa, ditjalikeun dina korsi, pra ponggawa hempak ngadjadjar di handap.
  7. Ĕnggeus nĕрi ka dawoehna, sang radja sĕроеh ngalahir,