Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4
    dina paroekoejan, njandak deui ati mejong, digalokeun ditjampoer, reudjeung ati hajam noe rintit, saĕnggeusna sadija, geus ditjampoer-tjampoer, ati mejong ati hajam, boes dibeuleum adjar di koekoedoeng poetih, watara sadjongdjongan.
  1. Тоеloej njaoer popojan ka goesti, he sang radja ĕnggeus katingalan, ati para sĕlir kabeh, wĕlas teuing ka ratoe, aja hidii noe goreng ati, mirong koemawoelana, lampahna teu patoet, toer eta kaäsih radja, sĕlir anoe ngaran Njimas Тоendjoengsari, lampahna bobogohan.
  2. Sarĕng mantri ngaran poen Panolih, malah eta kakandoenganana, nja beunang djeung eta bae, ratoe langkoeng ngagoegoe, tadi tjatoer pawarang sĕlir, пjĕboetkeun Тоепdjoeng tjidra, ajeuna geus tĕroes, kitoe deui torah adjar, hanteu mangmang bĕndoena ka Тоendioengsari, ladjĕng radja nimbalan.
  3. Njaoer patih hanteu lila soemping, ka karaton bari sĕmoe reuwas, reh disaoer tereh-tereh, ladjĕng sang ratoe njaoer, he ki patih sing gasik-gasik, ijeu si Тоendjoeng sĕkar, noe tjidra ka ratoe, ajeuna geuwat paehan, oelah nitah koedoe koe maneh pribadi, mangke bawa tjeulina.
  4. Раtih naros noen hampoera goesti, abdi dalĕm boeta toeli pisan, koe naon pĕrkawisna teh, noe matak goesti bĕndoe, rehna eta poen Тоendjoengsari, kalangkoeng diasihna, ti noe reja poendjoel, Dewakeswari ngandika, ĕnja pisan koe kami dipikaäsih, leuwih ti anoe reja.
  5. Аnoe matak kami liwat idjid, ka si Тоendjoeng sabab salah tampa, dipisono njolowedor, ki patih njĕmbah matoer, abdi dalĕm noe kirang harti, sĕdja njoendoel oendjoekan, soemoehoen bĕbĕndoe, manawi gamparan lĕpat, kirang priksa bĕndoe kagantjangan teuing, tatjan kamanah ĕnja.
  6. Апое matak koering langkoeng watir, doemeh eukeur gadoeh kakandoengan, ti baheula koering ngantos, nĕnĕda ka noe agoeng, moegi-moegi poetraän goesti, sarta pamĕgĕt