Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116
  1. Ladjĕng Radja nimbalan ka Patih, adi Patih geura paparentah, pra ponggawa mantri anom, dĕmang rangga toemĕnggoeng, isoek ijeu kakang rek moelih. adi koe maneh pisan, djeung para toemĕnggoeng, ngadjadjapkeun soeloer kakang, raden Рatih ngawalon ka kangdjĕng Goesti, abdi hatoer soemangga.
  2. Radja Gilingwĕsi matoer deui, madak aja paidin gamparan, moendjoengan ajeuna bae, koering rek isoek-isoek, kangdjĕng Radja Тjĕmра ngalahir, kakang hatoer soemangga, ladjĕng sami moendjoeng, pada koemĕmbĕng tjisotja, doemareuda noe tinggal djeung noe rek moelih, manahna maskoemambang.
  3. M A S K O E M A M B A N G.

  4. Radja Gilingwĕsi geus pamitan moelih, karsa dangdan-dangdan, hanteu katjatoer ti peuting, isoekna geus ladjĕng, djĕngkar.
  5. Didjadjapkeun koe raden Patih pribadi, djeung para ponggawa, sigĕgkeun anoe geus moelih, malikan deui tjarita.
  6. Kі Аndakasoera reudjeung raden Patih, noe keur leuleuweungan, hanteu pisah bĕrang peuting, noe didahar bongborosan.
  7. Papakeannana ĕnggeus roentang-ranting, leungit oelat menak, goreng pake koeroe aking, hideung balas papanasan.
  8. Raden Patih ngarasoela djroning pikir, ki Andakasoera, noe mawa tjilaka diri, teungteuingeun ngadjak papa.
  9. Тjoba lamoen hanteu ngamoesoeh ka Goesti, tĕtĕр djadi menak, moekti djoemĕnĕng papatih, ĕh Goesti kijeu rasana.
  10. Gеus tetela anoe nganiaja diri, ki Andakasoera, djeung pamadjikan pribadi, ajeuna ĕnggeus karasa.
  11. Теu kaloewar ngan ngomong sadjroning pikir, mandĕg majong manah, aja rek tobat ka Goestj, aja rek kaloenta-loenta.