Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10
    toengtoengna, saoemoer soempoet salindoeng, inggis papanggih djeung djalma.
  1. Аri ati anoe maling, dibalik teu tjara kantja, malah kaloedeungna mejong, kasijeuna pada djalma, pikir disoengsang pisan, nja kitoe deui noe ngadoe, datang oendoer teu kаtimbang.
  2. Sapeuting meunang sadoewit, oendoer sapowesa oewang, kaloewarna gampang bae, rasa teu gĕde modalna, liwat tina itoengan, anoe ĕnggeus potol ngadoe, maling atawa maehan.
  3. Noe maehan kitoe deui, saoemoer dioedag-oedag, toengtoengna kapanggih bae, maehan noe taja dosa, lain dipangpĕrangan, sanadjan soempoet-salindoeng, toengtoengna tangtoe kabanda.
  4. Таngtoe meunang hoekoem adil, dibalésna koe nagara, nja kitoe deui awewe, mamanisna teu sapira, tjilakana katjida, moen ngarĕboet sĕlir ratoe, beuheung pigantijeunana.
  5. Моеn ka noe boga salaki, oelah wani gogondjakan, asalna oelin djeung otjon, noengtoen kana bobogohan, he agoes anak bapa, eta lampah noe sakitoe, poma masing jatna pisan."
  6. Ngawalon rahaden Pandji, "sĕdja dilampahkeun pisan, sapangwoeroek bapa kabeh, tapi manawi trang manah, amit boelan ajeuna, rek ngoembara nganteur napsoe, soegan aja papanggihan."
  7. Ngalahir deui ki patih, "he agoes anak si bapa, boelan ijeu oge hade, tatapi isoekan bapa, rek ngadjadjal tanaga, пjoba kabĕdasan agoes, aja sahidji gondewa.
  8. Рoesaka kagoengan goesti, toetoeroenan sokadana, saroewa djeung tangkal djambe, sarta bеusi gondewana, reudjeung sahidji gada, bеusi beurat doewa pikoel, eta noe doewa poesaka.
  9. Isoek tjoba koe ki Pandji, gondewa pĕtjak diрĕntang, gada pĕtjak djingdjing bae, eta teh taksiran bapa, pikadjoengdjoengeun pisan", rahaden Pandji ngawangsoel, "nĕda djijad langgih bapa."