Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12
    sarta larangan manoesa, ngabogaän ati ĕdir, matak tinggal pamilih, koerang рĕгjatna pakewoeh, kitoe wĕwĕkas bapa, poma agoes masing eling, oelah poho ingĕtkeun salalawasna.
  1. Аjeuna maneh rek njaba, bapa panoedjoe teh teuing, sing reja ngambah nagara, soepaja tambah pangarti, soegan bae ki Pandji, djaga bisa djadi ratoe, mangkoe di Sokadana, ngawoelakeun bapa aki, reh sangratoe teu kagoengan deui poetra.
  2. Аri anoe djadi radja, djeung bapa asal sabibit, djadi рĕrnah doeloer misan, koe sabab eta ki Pandji, lamoen boga pangarti, patoet oge djadi ratoe, mangke di panjabaan, masing katiten kaharti, adat-adat radja di oenggal nagara.
  3. Sarta pĕta nagarana, djeung mĕtakeunana adil, soepaja djaga katoelad, moen parĕng baring soepagi, parĕng djeung titis-toelis, oetoen bisa djadi ratoe, hidji-hidji nagara, ratoe noe adil noe dĕngki, anoe jasa djeung hanteu ngoeroes nagara.
  4. Sakabeh djijeun toeladan, tjatĕt dina djĕro ati, koedoe tjampoer djeung noe dagang, soemawona djeung noe tani, soepaija manggih boekti, lampahna kabeh kasoeroep, mangke geus djadi radja, bisa nimbang ka noe leutik, kasoesahan dagang tani kanjahowan.
  5. Lamoen radja koerang loewang, teu jasa nimbang noe leutik, ngan kangeunahan andjeuna, noe di ladjoer beurang peuting, ari ati noe leutik, teu pisan dioeroes-oeroes, toer pangdjadina menak, tina sabab reja koering, teu djoemĕnĕng radja lamoen taja djalma.
  6. Radja ngaratoewan djalma, lain ngaratoewan boemi, sanadjan lĕga taneuhna, koerang djalma hanteu hasil, bidjilna hasil boemi, koedoe karana diatoer, dipatjoel dipelakan, kakara rek bidjil hasil, hasil oge koedoe dimodalan soesah.
  7. Soesahna teh ngoeroes teja, mĕtakeun lampahing abdi, djeung ratoe koedoe mariksa, kasoesahna koering-koering,