Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64
    tépoengdi parahoe, djadi wawoeh loma pisan, goelèt roekёt sapapait samamanis, sabagdja satjilaka.
  1. Kоеring djadi pangeran dipati, ijeu djadi ki dĕmang Оerawan, didjadikeun loerah gandek, tĕgĕs bela toemoetoer, kawas doeloer asal sabibit, pasĕdjaän kang poetra, moen loeloes rahajoe, kang poetra mangkoenagara, ki Oerawan mangke didjĕnĕngkeun patih, marentah pra ponggawa.
  2. Sanggeus tamat praboe anom noelis, dilelerkeun ka dĕmang Oerawan, sarta doewit djeung pangango, ĕnggeus dongkap ka waktoe, toeloej mijang Daheng Bramani, rewangna ki Djanggala, indit soeboeh-soeboeh, sigĕgkeun noe karek mijang, katjatoerkeun di Sokadana ki patih, sadjĕngkarna poetrana.
  3. Raden patih hanteu pisan lali, beurang peuting taja nое katjipta, ngan eling ka poetra bae, ki Pandji Lĕmboewoeloeng, nĕda-nĕdana raden patih, ka noe moerba wisesa, moega Pandji Woeloeng, salamĕt manggih daradiat, katjatoerkeun sadjĕngkarna raden Pandji, patih kagoengan poetra.
  4. Каbĕnĕran poetrana lalaki, dingaranan ki Рandji Pamĕkas, moerangkalih kasep koneng, kalangkoeng matak loetjoe, toeloej гadja Dewakeswari, tjalik ka kapatihan, karsana sang ratoe, ngalajad ka noe poetraān, barang soemping moerangkalih katingali, kajoengjoen manah radja.
  5. Тoeloej bae sangradja ngalahir, ka ki patih eta boedak teja, ajeuna dipenta bae, koe kakang rek dikoekoet, soegan parĕng djeung titis-toelis, mangke ngaganti kakang, rehna kakang loepoet, gaboeg hanteu boga anak, raden patih njĕmbah ngawalon ka goesti, koering ngan darma anak.
  6. Kabeh-kabeh hanteu langkoeng goesti, nadjan koering kagoengan gamparan, toeloej radja mangkon orok, ditimang dipapangkoe, radja moelih djeung moerangkalih, katjatoer lila-lila, moerangkalih moeloes, sang radja langkoeng asihna, hanteu karsa pisah ti bеurang ti peuting, sarta njĕboetna rama.