Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
69
    ditjandĕtna, koedoe datang ka pek njabok, ari mangke kadoehoeng, ĕnggeus lilir tangtoe kapikir, hade njandĕt amarah, aja teu kadoehoeng, djeung deui pepeling bapa, ka geureuha koedoe pisan wĕlas asih, masing gĕde timbangan.
  1. Djatnikakeun sapatoetna diri, oendak oesoek teu beunang dipapak, koering menak sedjen-sedjen, moenggoeh geureuha ratoe, djatnikana nja lain deui, djeung garwa pra ponggawa, beda teu sapatoet, soemawon moenggoeh andjeun mah, paribasa njalindoeng ka gĕloeng istri, koedoe jasa katjida.
  2. Маsing jasa ngala manah istri, meuli-meuli kahojong geureuha, tapi oelah tinggal bobot, sakintĕn anoe patoet, oelah kena asih ka istri, ditoeroet sakĕrsana sanadjan tеu patoet, lamoeña kitoe pĕtana, djadi tanda poepoetjoek ngaroeksak adil, mawa tiwas salira.
  3. Оelah pisan njatjandak ka istri, dina lampah mirĕmpag nagara, nimbang ka noe hade goreng, karana ĕnggeus tangtoe, moenggoeh istri koerang pamilih, reja-reja toeladan, ratoe noe kapoengkoer, sok ngandĕl teuing ka garwa, tjilakana kabawa koe polah istri, eta masing prajatna.
  4. Rеudjeung oelah reja teuing sĕlir, noengtoen kana tjerewed nagara, reja tjonto noe kalakon, abdi kabĕndon ratoe, tina djalan parĕkan sĕlir, toerta lamoen dimanah, salah oge ratoe, teu nimbang ka sahwat djalma, sabab koedoe awewе tjampoer lalaki, koedoe oge dimanah.
  5. Рoma-poma oelah hanteu eling, ka sakabeh pepeling piwoelang, ajeuna ngan kantoen nganggo, tangtoe manggih rahajoe, lambat-lamboet djadi bopati, radja pakoe nagara, disĕmbah disoehoen, djeung deui ajeuna bapa, sĕdja waktja ngababarkeun lampah Pandji, oelah rek kaget manah.
  6. Апdjeun oge ĕngeus meunang warti, ti Djanggala Djanggali tetela, jen bapa ngan ngoekoet bae, tĕgĕs poetra sang praboe, ari iboe nji Toendjoengsari, iboe meunang pitĕnah, kabĕndon koe ratoe, diistorikeun pawarang, dipadjarkeun djinah ka mantri Panoli, sarta tumbalan radja.