Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
132

betami, doegi ka poetra djadi toekang gambar noe mashoer.

 Walon rama Raden Saleh: ,,Koemaha andjeun, kěrsa ngawoeroek?

 Toekang gambar: ,Oepami dipěrtjantěn mah, sinarěng poetra poeroeneun, bingah noe aja."

 Gantjanging tjarita, Raden Saleh oenggal poĕ sok diadjar ngagambar di eta toekang gambar, diadjarna katjida sosonsosonna. Koe andjeunna karaoseun pěrloena oeninga kana elmoena djeung rasiah-rasiah gambar. Sanggeus sawatara lilana ngoelik, tambah-tambah pintěr bae andjeunna kana ngagambar.

 Ramana ge katjida bingaheunana, ningali poetra tambah iasa ngagambar, malah waktoe goeroena tea ngadjadjah poelo Djawa, ngaboektikeun patěmpatan noe araloes pikeun digambar, sarta ngamitkeun Raden Saleh soepaja njarngan, andjeunna hěnteu ngoretkeun; enggal bae diidinan.

35. Raden Saleh.

(Toeloejna).

 Baheula mah ngadjadjah poelo Djawa teh, prdjalanan bangga pisan, sabab teu aja kareta api tjara ajeuna, komo mobil atawa motor pitatanggleun pisan.

 Tapi sanadjan kitoe ge, Raden Saleh djeung goeroena teu boeroeng laksana panědjana. Mimitina ngadjadjah ka DjawaWetan, geus kitoe ka Djawa-Koelon něpi ka Bogor.

 Sanggeus sawatara poě Raden Saleh djeung goeroena aja di Bogor, kaemper-emper ka Toean Běsar Goepĕrnoer Djendral, jen aja boedak bisa ngagambar. Raden Saleh ditimbalan ngadeuheus ka karaton bari mintonkeun gambargambar boeatanana.

 Gambar-gambar Raden Saleh ditingalian koe Toean Běsar.