Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
146

„Tah kaharti ajeuna mah,” saoer Sang Poetri, „soekoer pisan ari Paing hajang miloe mah.”

Katjarita dina waktoe rendengan Poetri, aja pesta anoe katjida ramena; arak-arakanana ge něpi ka sababaraha pal pandjangna. Kaoela dirarangkenan sakoemaha biasa, ditoenggangan koe panganten doeanana, ditongton koe abdi- abdi saloear kota. Oenggal lebah noe kasorang koe kaoela, gěr djělěma saroerak, nandakeun soeka djeung hormat kanoe noenggangan kaoela, nja eta Sang Poetri djeung tjarogena.

Sarengsena pepestaan, Sang Poetri toeloej ditjandak koe tjarogena ka nagarana, diiring koe kaoela djeung para mantri ponggawa. Djaoeh moal boeroeng tjoendoek, anggang moal boeroeng datang. Teu katjatoer di djalanna, katjatoerkeun Sang Poetri djeung tjarogena geus soemping ka nagarana. Sang Poetri geus diistrenan, didjěněngkeun Prameswari. Sang Radja djeung Prameswari estoe noeroeb-tjoepoe pisan, noe kasep djeung noe geulis, toer sami silih asihna, ka tjai djadi saleuwi, ka darat djadi salěbak. Kaoela ngarasa bagdja, reh Sang Radja kanjaahna ka kaoela, saroea bae djeung Prameswari.

Kaoela teu ditjampoerkeun djeung gadjah-gadjah noe lian, henteu dikěrěm di kandang. Sapopoë měrdika pisan, meunang oelin sakama-kama di taman, da kaoela tara ganggoe kana pěpělakanana. Lamoen parèng Sang Radja djeung Prameswari aramĕng di taman, sok diiring koe kaoela. Sakapeung-kapeungeun kaoela radjeun ka leuweung anoe dareukeut, tapi tara kamalinaan, tara něpi ka kapeutingan di leuweung.

Dina hidji poë Sang Radja teh sasaoeran ka Prameswari, saoerna: „Naha enoeng, ari angkat ka taman teh, tara kersa njandak rentjang?”

Diwalon koe Pramaswari bari ngoesapan toelale kaoela: „Ongkoh ieu aja noe satia toehoe, henteu kedah ngabantoen rentjang noe sanes.”