Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
156

teu aja anoe ngawaskeun ka Poetri. Njaho-njaho geus tjilaka, geus dibawa koe kaoela ka karaton.

Lahir Sang Radja: „Geus tetela noe salah teh ěmban limaan, nja eta noe dipertjaja ngadjaga Poetri. Katambah deui salahna, sabab geus wani ngabohong. Tapi ajeuna koe kami dihampoera, moal toeloes digitik. Ngan pěrkara lalawora, teu njaho di kawadjiban, eta mah koedoe dihoekoem, nja eta ti poë ieu maneh limaan dilěpas tina gawe, koedoe gantjang kalaloear ti karaton.”

Geus kitoe Sang Radja djeung Prameswari bagantos sasaoeran ka kaoela, saoerna: „Ajeuna kami beuki pěrtjaja ka maneh. Panarima kami geus taja babandinganana. Moega-moega maneh sing tambah goemati, sadjěroning ngadjaga Poetri.”

Dawoehan Sang Radja kitoe, koe kaoela disoehoen dina ěmboen-ěmboenan. Koe lantaran dipapantjenan ngadjaga Poetri, djadi kaoela sasatna didjieun ěmban; tah eta teh pohara matak boengahna ka kaoela/Gantjang toelale kaoela diatjoengkeun bari disada satakěr tanaga, něpi ka kaoela sorangan katorekan. Eureun disada, kaoela ngarasa risi, bisi Sang Radja běndoe, djeung bisi Poetri sieuneun. Tapi eta sangkaan salah, sabab Poetri teu sieuneun, malah răsěpeun, něpi ka mědal ti pangkoeleman, njampeurkeun ka kaoela bari miwarang disada deui.

Ti harita oenggal poë koe kaoela diapingna Sang Poetri teh. Oepama aměng ka taman sarta deukeut ka sisi balong, koe kaoela sok dihalangan. Sakali mah ngahadja kaoela ngagoebroeskeun maneh ka balong, minangka ngelingan Poetri. Andjeunna ngan mesěm bae, těroes ameng ngadjaoehan balong. Ari geus djiga palajeun, Poetri teh sok dipangkoe koe toelale, ditjalikkeun dina tonggong, toeloej ngoerilingan taman.

Sang Poetri teh něpi ka ageungna oge, malah něpi ka sawawa, ka kaoela teu weleh apet djeung teu wěleh gěten.