Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14

deui koe kipĕr satakĕr tanagana, pĕng bae bal teh ngapoeng moeloek pisan. Gĕr noe nongton saroerak djeung tingsaroeit tanda panoedjoe.

 Teu koengsi lila balna teh geus aja deui di beulah dieu. Awaskeun tandangna poerwarĕs tĕngah. Bisaeun kitoe ngagoelkeun? Geura itoe loempatna mani mĕlĕtĕng, balna teu bisa karĕboet koe moesoeh. Ari geus deukeut kana goel, kakara disepak tarik, bloes bae bal teh asoep, hĕnteu katewak koe kipĕr. Noe nongton mani ngagoeroeh njarĕboet: „Goel! Goel!” bari aja noe ngapoeng-ngapoeng kopeah sagala. Tah dina lĕbah dinja rĕrĕsĕpna laladjo maen bal teh.

 Hajang seuri koe polah Gatot, soerakna mani sosoak, oerat beuheungna mani ngarentĕng, nĕpi ka matak katorekan batoer. Ari Gatot teh awakna leutik tapi peureukeul.

 Deukeut ka dinja aja si Gentong, boedak gĕde sarta lintoeh. Ngadenge Gatot soesoerakan teh, si Gentong ngarasa djengkel, pok ngomong bari sĕmoe ngera-ngera: „Entong kitoe euj, da lain lantjeuk silaing noe ngagoelkeun teh. Engke rek soerak tarik mah, oepama silaing meunang dina pabĕdas-bĕdas narik tambang djeung dewek.”

 Ngadenge omong si Gentong kitoe, Gatot teu nembal, toeloej bae njingkah djaoeh.

 Maen bal teh lilana ngan sadjam, toeloej boebar. Baroedak mah rarĕsĕpeun keneh pisan, hararese rek baralik teh. Noe maraen balna oge, tjan pati tjarapeeun. Memeh boebar diembarkeun heula, beubeunanganana 5―4.

 Bari leumpang Ibrahim ngomong: „Ajeuna oerang laladjo maen rĕboetan, hajoe!”