Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
158

poetrana noe pangsěpoehna geus djěněng radja, ngagěntos iboe, nja eta doenoengan oerang ajeuna. Iboe Radja, anoe keur moerangkalihna asoehan kaoela tea, ajeuna geus sěpoeh pisan. Djadi něpi ka ajeuna, geus opat radja noe koe kaoela dikawoelaan. Tah sakitoe tjarita kaoela teh.”

Gadjah-gadjah anoe ngalingkoeng si Paing, sěmoe rarěsepěun pisan ngadengekeun si Paing tjatjarita teh. Maranehna hěnteu boeroe-boeroe boedal, ngalioed bae di dinja. Sabot kitoe djol saratina datang, njěloekan ka si Paing, sabab si Paing rek dititihan koe Radja, rek pasiar ka loear kota.

Si Paing geus rada torek. Tjitjing bae, ditjěloekan koe sarati teh. Tapi barang sakali deui sarati ngomong toer bědas, kakara kahartieun, naon sababna noe matak manehna ditjěloekan. Geus kitoe mah gantjang bae tjeulina dikoepat-kapit, nandakeun boengah.

TAMAT.