Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
16

Anoe pangheulana ka loehoer, Amir, malah geus bisaeun ngahontal lampoe sentĕr. Di loehoereun lampoe sentĕr aja karembong aloes, noe dipikabita pisan koe si Amir, ingĕteun ka indoengna. Barang rek ngarangkek, njorosod deui ka handap, tapi ngarandĕg di tĕngah, nangkod pageuh. Noe lalodjo tinggarĕro: „Ngarangkek deui ka loehoer! oelah waka toeroen!”

Maksakeun maneh Amir ngarangkek, beuki loehoer-beuki loehoer, nĕpi ka bisa ngahontal karembong tea, dikĕnjang lalaoenan sarta beunang. Geus kitoe kakara toeroen. Disoerakan koe noe nongton djeung dikĕprokan.

Sardjan oge geus meh n~pi ka loehoer pisan, geus meh bisa ngahontal naon-naon, tapi lapoer, sabab barang ngarangkek deui, oedjoeg-oedjoeg njorosod bae ka handap pisan. Ari geus nintjak taneuh, teu wanieun naek deui, pok bae manehna ngomong: „Tihangna ieu mah leueur teuing.” Ditembal koe Djamin: „Ah geuning teu njorosod dewek mah.”

Geus kitoe baroedak teh toeloej laladjo anoe keur pabĕdas-bĕdas narik tambang. Si Gentong hajangeun pisan geura nembongkeun kabĕdasan.

Si Gatot ge teu sieuneun, malah geus kĕk njĕkĕl tambang, gan hĕnteu nangtang bae. Toengtoeng tambang hidji deui dideukeutan koe si Gen tong bari ngomong: „Ĕngke Gatot! Silaing koedoe njĕloekan batoer heula doeaan. Meudjeuhna tiloe boedak pitandingeun dewek mah.”

Batoer Gatot aja doeaan, hĕnteu koengsi ditjĕloekan, gantjang bae njalampeurkeun ka Gatot, barang ngadarenge si Gentong „kokotak” teh. Sanggeus koek-kĕk njarĕkĕl tambang, pek bae pabĕdas-bĕdas. Boedak tiloe pada meakkeun tanaga, hajang ngelehkeun si Gentong. Tapi dasar si Gentong bĕdas, boedak tiloe teh kasered, nĕpi ka blag-bloeg lalaboeh. Si Gentong ngesang kana beungeut-beungeut, tapi sĕmoe boengaheun pisan. Pek bae njoesoetan kesang bari loeak-lieuk.