Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
18

Brĕng baroedak teh loempat. Si Gentong loempatna kĕndor, katinggaleun koe batoerna. Noe opatan geus arasoep kana tong, pagantjang-gantjang milih noe gĕde. Atoeh si Gentong kabagian tong noe pangleutikna, mangkaning awakna panggĕdena. Sirahna djeung leungeunna geus ka djĕro tong, kari awakna oegal-ogel hese asoep. Batoerna mah geus kalaloear deui, malah geus tĕroes laloempat, geus nĕpi ka pameunangan.

Si Gentong mĕlag dina tong, madjoe teu bisa, moendoer teu bisa. Anoe nongton sareuri agĕr-agĕran. Komo barang si Gentong nangtoeng mah, sarta tongna kabawa nangtoeng, beuki rame anoe njaleungseurikeun teh, nĕpi ka aja noe pipingkĕlan, atoeh da aneh, aja tong bisa leumpang. Gatot djeung tiloe batoerna njalampeurkeun ka si Gentong, naroeloengan. Kakara si Gentong bisa kaloear, katjida eraeunana, toeloej balik bari mĕsoem, hĕnteu kawas tas ngelehkeun boedak tiloe, basa narik tambang tea.

Ari dina poĕ Djoemaah isoek-isoek, Sardjan, Amir katoet Djamin baralik deui ka dajeuh, moeroe asoep ka sakola. Sĕmoe galoembira pisan, sabab sadjĕroning pĕre doea poĕ, meunang kasoekaan gĕde.


5. Hileud djeung koekoepoe.

Hoesen bapana djadi goeroe. Dina hidji poĕ Hoesen aja di toekangeun imahna, deukeut tangkal djĕroek, njĕkĕl kaleng oeroet biskoeit, toeroebna geus diboeka. Naha diboeka? Sieuneun biskoeitna awoet-awoetan? Lain, lain kitoe, da eta kaleng teh eusina lain biskoeit. Naon atoeh! Tjoba ilikan! Ih geuning .... daoen djĕroek.

Bari ngilikan daoen djroek, Hoesen ngomong djĕroning hate: „Ah, rek dibedjakeun ka bapa.”