Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
21

 Walonna: „Kapan tjatjaka tea, noe djadi koekoepoe teh.”

 Hoesen: „Ongkoh tjatjakana alit. Naha ari koekoepoena ageung teuing!”

 Bapana: „Poegoeh leutik tea mah. Tapi da teu salah deui nja tjatjaka noe leutik tea anoe djadi koekoepoe teh. Djangdjangna leuleus keneh, tapi lila-lila heuras djeung bisa meber pisan. ”  Indoeng Hoesen djeung adina, ngaran Itjah, njalampeurkeun, ngarilikan koekoepoe.

 Omong Itjah: „Koe aloes, koekoepoe teh, nja!”

 Teu koengsi lila pek koekoepoe teh kikiplik, toeloej hibĕr ka noe deukeut. Geus kitoe bĕr deui kana tangkal anoe handap, eunteup dina daoenna.

 Bapa Hoesen: „Lamoen Ĕntjen hajang njaho kana rasiah koekoepoe, tjoba njokot heula kĕrtas djeung potlotna.”

 Gantjang Hoesen njokot kĕrtas djeung potlotna, disanggakeun ka bapana.

 Tjek bapana: „Geura awaskeun, bapa rek ngagambar heula. Koekoepoe teh aja tiloe bagianana, nja eta hoeloena, awakna djeung beuteungna. Matana doea galĕde djeung koemisna doea parandjang, djeung aja toelalean.”