Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
35

ti Amin batan ti batoer, sabab Amin basa djadi soepir keneh, loba pisan sobat-sobatna. Djeung eta deuih, noe matak loba anoe resép teh, ngabatikeunana Amin mah teu gěde teuing djeung tara ngalitjikan.

 Ari dina hidji poë, waktoe Amin moeka notěsna, rek njatětkeun kaloear-asoepna doeit, beh manehna manggih kěrtas ngarangkěp djeung reběwes. Ari dibatja, bět kěrtas paparin doenoenganana tea, noe ditoelisan djěněngan mitra doenoenganana. Sanggeus njatětkeun kaloear-asoepna doeit, Amin aja pikiran kieu: „Matak naon, lamoen aing njoehoenkeun toeloeng? Ah, rek njoba ka boemi mitra doenoengan aing, rek ngaboektikeun kasaoeran doen oengan aing.”

 Gantjang Amin ka loear ti imahna, ngadjoegdjoeg ka boemi mitra doenoenganana tea. Kaběněran noe kagoengan boemi teh kasondong keur tjalik di emper pajoen. Barang ret ge ningali Amin, enggal bae andjeunna miwarang dioek, toeloej mariksa: „Bedjana mah Amin moeka bengkel mobil. Koemaha madjoe? Loba djělěma anoe daratang, ngaharadean mobil atawa kareta měsin? Boa datang ka dieu teh boetoeh koe doeit, pikeun ngagědean modal. Ěnja kitoe?”

 Walon Amin: „Sanes, gamparan. Poerwa abdi doemeuheus teh, sanes bade namboet artos, nanging gadoeh maksad sanes.” Barabat ditjaritakeun, jen manehna hajang boga teng bensin noe make kompa.

 Saoer noe kagoengan boemi: „Oelah salěmpang euj. Ěngke koe dewek dipangngoeroeskeun. Malah kadjaba ti kitoe, ěngke kantja-kantja dewek rek dibedjaan, soepaja ngabantoe paoesahaan silaing, nja eta koe meuli bensin atawa minjak motor djeung roepa-roepa kapěrloean anoe sedjen.”

 Amin ato heun katjida. Pok manehna nganoehoenkeun, toeloej bae amit wangsoel. Koe tina atoh-atohna, peutingna manehna ngimpi. Dina impianana teh, di hareupeun bengkelna geus aja teng bensin anoe katjida aloesna. Geus kitoe leugeudeut mobil ngadon areureun di dinja, mareuli bensin