Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

4. TULUNG - TINULUNGAN

 Subuh-subuh geus ngaguruh soara jalma di jalan, sora roda tingkulutruk, nu nanggung bubuahan jeung lalab ngarengkeg pagancang-gancang, tayoh sieun beakeun tempat keur dadasar di pasar, wantu harita poean pasar.
 Di sisi jalan hareupeun imah laleutik, rateng damar tukang surabi, ngarendeng jeung tukang gorengan oncom; gorengan haneut diwadahan ku ayakan, surabi mani ngebul diwadahan dina nyiru paranti nyikcrik tipung.
 Koper, tingkem jeung gembolan, di setatsion geus ngagunduk, ditungguan ku nu bogana, bangun anu rek nyaba jauh.
 Dina kareta api anu pangisukna ti Garut, aya dua nonoman tinglalinjing bari ulak-ilik semu aya nu diilari.
 Cek nu saurang, "Teu aya geuning kang di dieu mah, sugan itu dina C. R. anu tengah," bari tuluy eta dua nonoman teh pindah deui ti dinya.
 "Tuh geuning kang, jiga itu," saur nonoman teh bari tuluy nyampeurkeun hiji lalaki kolot, anu keur diuk di juru bari nanggeuy gado, ulatna mesum bangun manggih kasusah atawa katugenahan.
 Saur nonoman teh, "Emang asana tadi anu meuli karcis ka Tanjungsari teh, nya?"
 Jawabna, "Sumuhun," bari semu reuwaseun.
 Nonoman, "Tas ti mana atawa rek ka mana emang teh?"
 "Wangsul ti Garut, ayeuna bade ka Sumedang, wangsul," jawabna.
 Nonoman, "Meureun emang nyaho Tanjungkerta (Cisegel), nya?"
 "Kantenan terang mah," jawabna-"Nanging abdi teh bet asa rareuwas, aya pikersaeun naon atuh juragan ka abdi teh?"
 Saur nonoman nu hiji deui, "Ulah reuwas-reuwas mang, kieu geura; leu adi kuring baris ngumbara ka Tanjungkerta jadi jurutulis camat. Kuring duaan sok sumawonna ka Tanjungkerta, ka Sumedangna pisan oge tacan, ayeuna kabeneran papanggih jeung urang Sumedang pisan, nya emang buktina, kacida kuring teh atohna."
 Jurutulis Camat, "Ti mana ti Sumedangna, emang teh?"
 "Ti Sukamantri; malah sering abdi ka Tanjungkerta mah bari ka pasar dagang bilik," jawabna.
 Jurutulis Camat, "Naha deukeut ti Sukamantri ka Tanjungkerta?"
 Kolot, "Kirang langkung 2 pal."
 Jurutulis Camat, "Nuhun atuh ari kitu mah, meureun urang engke

20