Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mah. Kami mah kacida panujuna Ki Sukri boga pamajikan ka dinya teh, na aya bageur jeung bangun lungguh timpuh keur hade rupana teh. Ngakuna dareh deh taya pikaeraeunana jeung teu asa-asa deuih ujug-ujug mibapa bae." omong Pa Sukri.
 "Lah, kayungyun teuing, kacida kami oge atohna, muga-muga bae sing awet laki-rabina," cek Ambu Sukri bari ngeber-ngeber samping jeung pibajueun kikintun ti Nyi Mas Iting bakating ku atoh.
 Cek Pa Sukri, "Puguh oge cukup ari minantu mah, geus taya cawadeunana, ngan hanjakal ........... "
 "Hanjakal kumaha?" cek Ambu Sukri semu kaget.
 "Hanjakal .......... hanjakal ......... ku anak urang pribadi," cek Pa Sukri bari rada dumareuda.
 "Hanjakal kumaha, naha goreng kalakuanana, sok nganyenyeri ka pamajikanana?" cek Ambu Sukri.
 "Enya teu bageur, teu nyaho ari ka pamajikanana mah, tapi ka kami pribadi, jeung tangtu ka maneh oge kitu, moal beda ti cara ka kami, kawasna," omong Pa Sukri.
 "Kitu kumaha?" cek Ambu Sukri.
 Pa Sukri, "Kieu, geura dengekeun tapi ulah gugup. Ari nyaritakeun anu saenyana mah kami teu bisa, era bisi kadenge ku deungeun-deungeun, da hade-goreng oge anak urang.
 Pendekna kami datang ka ditu teh ku manehna mah teu dipisono, baluar-balieur bae, malah nepi ka nyeukseukan sagala rupa, supaya kami ulah nganjang-nganjang deui; kawasna manehna ......... eraeun, boga bapa jiga kieu.
 Ambu Sukri barang ngadenge carita salakina kitu, teu karasa deui curucud bae cipanonna bijil, segruk ceurik :

Maskumambang.

"Aduh-aduh naha kitu maneh Sukri,
kasasar nya lampah,
ka kolot bet goreng ati,
kaliput ku kapangkatan.

Indung-bapa geus taya pisan pangaji,
abong kena hina,
taya milik kana sugih,
bapa disebut panyawah.

22