Ieu kaca geus divalidasi
| Nya kitu deui ayeuna, | |
| tumibana geuning sidik, | |
| bet ka mitra urang pisan, | |
| anu ruket siang-wengi, | |
| mitra urang sajati, | |
| enjing ngalihna ti Garut, | |
| camberut reh ditilar, | |
| taya daya kantun ketir, | |
| melas-melis gugupay ngaulah-ulah. | |
| 3. | Para mitra sadayana, |
| nu dikantun sami sedih, | |
| sedih ku dumeh ditilar, | |
| iraha rek tepang deui, | |
| gulung cara bihari, | |
| tikukur ngan kantun saur, | |
| cangehgar henteu hegar, | |
| mun teu emut kana takdir, | |
| nyatang bolang, daek-daek kapongpongan. | |
| 4. | Nanging ku margi ayeuna, |
| geus dugi ka titis tulis, | |
| ragana urang papisah. | |
| mugi ka Gusti Yang Widi, | |
| tetep rumaket dalit, | |
| cara babasan Malayu, | |
| jauh hanya di mata, | |
| tetapi dekat di hati, | |
| mugi-mugi urang tiasa netepan. | |
| 5. | Kalihna deui ti eta, |
| juragan pameget-istri, | |
| ginanjar kawilujengan, | |
| adoh bala parek rijki, | |
| lir tangkal kai jadi, | |
| mulus tangkal hejo daun, | |
| ngarangkadak nya dahan, | |
| leubeut buah kitu deui, | |
| pangauban kadang-warga sadayana. |
Panglesu kalbu
29
4