Kaca:Panglesu Kalbu.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Bapa Lebe, "Itu geuning raka sumping!"

 Gancang Den Jurutulis Camat lumpat ka buruan mapagkeun, kek ngaleng pageuh pisan.

 M. Sumarja sasalaman jeung Bapa Lebe sarta silih bageakeun. Barina sosonoan prung deui badami neruskeun nu tadi tea.

 Gancangna beres bae, kawantu itu purun ieu daek, sepuh mah ngan sambung du'a, teu aya halangan harunganana.

 Heuleut 10 poe ti harita, M. Sumarja jeung Nyi Mas Iting marulih ka Banjar, dijajapkeun ku panganten istri-pameget.

 Haji Karim ka mantu ujug-ujug nyaah bae, tina mantuna kacida pikanyaaheunana.

 Kitu deui ka dulurna, ka Bapa Sukri, ayeuna mah malik asih, digetenan, dimemenan sarta diserenan sawah jeung kebon kalawan pimodaleunana.

 Jadi hirupna Bapa Sukri ayeuna mah senang, teu ripuh cara bareto, malah nepi ka bisa nyieun imah anu pantes.

 M. Sumarja ngumbarana di Banjar teu lila, lantaran sok geringannya tuluy dipindahkeun ka T. sarta hirupna tuluy tumuluy pinanggih jeung kasenangan.


TAMAT


39