Kaca:Poesaka Soenda 1922-10-1(04).pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

hoerang pitoedoeh impènan, kaloenta-loenta tepi ka sagara. Di dinja kènging pitandang Maulana Djati dipaparin katrangan yèn èta hoerang anoe kaimpèn tèh, saenjana nja andjeunna sareng Baboe Dempoel. Radja Tjangkoeang sabaladna ngaraos tibra manah, ladjeng toemoet sawoeroekna Maulana Djati.

....................

Maulana Djati angkat ka Padjadjaran hojong tingali koemaha kaajaanana. Rawoeh ka tilas dajeuh parantos soewoeng. Anoe kantoen moeng hidji istri djenengan Poetri Kawoeng Ngantèn, ladjeng ditjandak moelih ka Tjirebon.

Maulana Djati moendoet pirempag sadaja badè migarwa Poetri Kawoeng Ngantèn, ladjengna rèndèngan. Nja ti ieu Poetri Kawoeng Ngantèn kagoengan poetra anoe djenenganana Sabakingkin anoe djoemeneng Soeltan di Banten tèa.


Samboenganana tingali
Poesaka Soenda No. 6.