Kaca:Poesaka Soenda 1922-11-1(05).pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

ti Banten ngambah wiati angkat ngawang-ngawang, soempingna ka Mekah memeh poekoel 12, ngaboedjeng ngiring netepan Djoemaat di Mekah".

Di sakidoeleun masdjid tea aja tiama, nja eta paragi netepan istri-istri, anoe kapoengkoerna sakalian sok dianggo sakola agama, malah nalika. djoemeneng Soeltan Hadji mah dianggo sakola basa Arab. Dina ieu tiama, dina lotengna aja pakakas-pakakas paranti deboes, sababaraha hidji.

Beheulana mah ngadeboes teh djadi papantjen abdi-abdi di dinja dipedarna dina oenggal tanggal 12 boelan Moeloed.

Di tengah aloen-aloen handapeun tjaringin anoe geus kahot tea, ngaranna tjaringin Poerwadinata, aja batoe nemprak, ngaranna "batoe gilang" anoe baheulana tempat ngistrenan ponggawa kasoeltanan anoe naraek pangkat.

Lian ti, batoe gilang anoe di handapeun tjaringin tea, aja deui "batoe gilang” sedjen, pernahna sakidoel-kidoe aloen-aloen, di pipir hidji imah oerang priboemi. leu mah batoe gilang teh aja sasakalana, kieu sa;djarahna:

Dina hidji poe, Maolana Hasannoedin ningali anoe goemebjar di tengah laoet, ningali anoo goemebjar di tengah laoet, enggal koe andjeunna djboedjeng, barang soemping kana kikisik, ningali hidji batoe ngambang di sagara, ditoenggangan koe hidji djelema anoo montjotong sorotna soemirat, lir srengenge noe nembe medal. Maolana Hasannoedin nantjebkeun tetekenna kana keusik. sarta dadak-sakala laoet djadi soeroed, enggal andjeunna angkat ka tengah sagara nepangan ande katingali keur nitih batoe di laoet tea. Demi eta anoe toenggang batoe the pandita Boeda, djenenganana Goeroe Djampang. Barang parantos gok patepang, sarta satoetasna silih pariksa djenengan. dek njarioskeun elmoe, sawala bagbagan agama.

Goeroe Djampang henteu kersa, toemoet kana pamoendoet Maolana Hasannoedin ngagentos agamana, mandjing kana agama Islam. Pamoendoetna Maolana Hasannoedin, soepaja Goeroe Djampang kersa madepokan linggih di dajeuh Banten, kalawan teu koedoe pindah kana agama Moehamad, koe Goeroe Djampang henteu dilaksanakeun. Ti dinja sok Goeroe Djampang maparinkeun endog manoek prit, ka Maolana Hasannoedin, sarta miwarang soepaja eta endog ditoempoekkeun. Koe Maolana Hasannoedin ditoemoetkeun Sakoemaha pamoendoetna, prak endog manoek teh ditoempoekkeun, tapi kakara toedjoeh t.oempang, endog teh roeboeh. Koe Goeroe Djampag djtjarioskeun jen eta the totonden, baris ngan tepi ka toedjoeh toeroenan, poetra poetoe Maolana Hasanoeddin iasana ngasta kakawasaan, njepeng pamarentahan. Goeroe Djampang djangdji, baris nangtajoongan Karadjaan Banten, sawangsoelna Maolana Hasanoedin koedoe nekanan djangdjina, ngawajang dina oenggal-oenggal minggoe. Saparantos Maolana Hasanoedin njembadaan kana samoedaja soebajana, Sang Pandita Boeda Ki Goeroe Djampang tea mah les bae salira moertja sirna ngahijang ti artjapada.

Demi batoe oeroet toetoenggangan Goeroe Djampang tea, nja ditjandak ka nagara, diteundeun di aloen-aloen di dadasaran koe bata pasagi, loehoerna kira-kira 8/4 M. Eta batoe ngabakoe dianggo pangtjalikan Soeltan ditumpangkeun kana djoli ladjeng digotong, dianggona dina mangsa magelaran kempelan djeung abdi-abdi. Nja kitoe deui ieu batoe sokdianggo netepan koe Kangdjeng Soeltan. Oepama aja dawoehan Soeltan anoe koedoe diembarkeun, nja. sok di dinja deui dina batoe gilang tea, ngadegna oetoesan anoe ngawawarkeun timbalan teh. Demi djolina (korsina) anoe sok ditoempangan koe, eta batoe gilang tea, ajeuna aja keneh disimpen di Gedong Gadjah (museum) di Batawi.

Teu sakoemaha tebihna ti tilas dajeuh Banten, aja tempat anoe disebatna Karang Hantoe, pernahna sisi waloengan beunang ngali anoe bras ka laoet. Ieu solokan ajana di kampoeng Koja.

Di pasar Karang Hantoe aja mariem gede ngaranna Ki Amoek, disaoengan di hade-hade, da sok dipoendjoeng dipararoedja, nja eta tjariosna eta the, salah sahjdji mariem anoe didjoeal ka Walanda koe poetri Tandoeran Gagang poetra Ratoe Mandapa. Ari mariem anoe doea deui

68