146. |
Papagratang nampi pedang,
|
|
ngemban timbalan djoeng indit,
|
|
goera-giroe leumpang gantjang,
|
|
wantoe njoesoel noe geus tebih,
|
|
Kotjap Tandesan deui,
|
|
ngoentit-ngoentit Radja Soenoe,
|
|
noe angkat kalémpohan,
|
|
nalangsa djeung gerik galih,
|
|
tina nahnaj ngangres bidjil tjisotjana.
|
147. |
Ki Tandesan hatoer melas-melis,
|
|
mangga oerang ngaso,
|
|
abdi ogé sakalangkoeng tjapé,
|
|
sareng ajeuna parantos boerit,
|
|
ngilari keur meuting,
|
|
kiara noe loehoer.
|
148. |
Radén lirén sahandapeun kai,
|
|
ladjeng baé ébog,
|
|
kana tjanir kai ngagéléhé,
|
|
koelem tibra lila henteu tanghi,
|
|
kotjap noe pandeuri,
|
|
Papagratang njoesoel.
|
149. |
Datang njampak keur koelem Sang Adji,
|
|
oetoesan aléwoh,
|
|
dawoeh Goesti Radén toegel baé,
|
|
ieu pedang pikeun oerang meuntjit,
|
|
saenggeus badami,
|
|
ragem rék ngahoerep.
|
150. |
Mesat pedang diloegas rék meuntjit,
|
|
noe koelem dirongkong,
|
|
doemadakan leungeunna méréngkél,
|
|
banget panas karasana njeri,
|
|
oetoesan djoemerit,
|
|
adoeh bioeng toeloeng.
|
151. |
Radja Soenoe ngorédjat hég tanghi,
|
|
kagét pok marios,
|
|
Papagratang na koe naon manéh,
|
|
karék témbong tjeurik ting djarerit?
|
|
Oetoesan loemengis,
|
|
adoeh Goesti ampoen.
|
152. |
Leungeun abdi Agan langkoeng njeri,
|
|
ting péréngkél ramo,
|
|
raos panas lir koe seuneu baé,
|
|
moegi aja sih hapoenten Goesti,
|
|
|
réhing abdi tadi,
|
|
kana peunteu madoek.
|
153. |
Radén njaoer bari imoet leutik,
|
|
lahirna geura los,
|
|
ngala daoen sandilata baé,
|
|
anoe ngora bodas toer beresih,
|
|
bawa mangka gasik,
|
|
koe oeing disemboer.
|
154. |
Papagratang Tandesan arindit,
|
|
soempoejang sampojong,
|
|
sandilata manggih noe haradé,
|
|
arék ngala henteu bisa metik,
|
|
ramona tjarentik,
|
|
dipahpral koe soengoet.
|
155. |
Pandakawan doeaan moeringis,
|
|
ka Rahadén tjaos,
|
|
sandilata diasta koe Radén,
|
|
ladjeng anoe ngorana dipilih,
|
|
dikoembah beresih,
|
|
dianggo keur njemboer.
|
156. |
Saharita leungeun hadé deui,
|
|
tjageur teu morongkol,
|
|
dadak sakala matihna djampé,
|
|
poelih tjara baheula bihari,
|
|
Dén Anom ngalahir,
|
|
manis bari imoet.
|
157. |
Papagratang na njoesoel pandeuri,
|
|
dipiwarang naon,
|
|
tjing tjarita sawaktjana baé,
|
|
naha mawa soengkelang raka Dji?
|
|
Ki oetoesan seuri,
|
|
noen Goesti soemoehoen.
|
158. |
Djisim abdi ditimbalan ngiring,
|
|
réh raka kawatos,
|
|
wantoe angkat njorang leuweung gede,
|
|
bilih di djalan aja balai,
|
|
pedang keur ngabasmi,
|
|
banténg badak maoeng.
|
159. |
Radén Anom mésem pok ngalahir,
|
|
soekoer geus kahartos,
|
|
kahémanan raka langkoeng saé,
|
|
moega aja walesing Déwa Di,
|
|
atoeh oelah lami,
|
|
hajoe oerang madjoe.
|
|