Kaca:Poesaka Soenda 1922-12-1(06).pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

lan (Republiek), nja ieu Republiek anoe pangmimitina pisan di tanah Djawa (di Pasoendan). Djadi Bodjong Galoeh tèh harita henteu diradjaan deui, tapi digeugeuh koe kapala anoe diangkat sarta beunang milih sarèrèa, demi kabèhna aja sawelas djelema anoe beunang meting, anoe pikeun ngapalaan djeung marentah maranèhanana noe koedoe ngatoer ngaheujeuk nagara tèh. Ari eta kapala anoe sawelas beunang milih tèh paloenggoehanana (diseboetna) Oemboel.

Tapi èta atoeran kapaksa dirombak deui, lantaran poetra Bandjaran Sari anoe djenengan Praboe Moending Sekar kersa ngagentos paloenggoehan ramana ngadeg Radja deui. Praboe Moending Sekar digentos ke Praboe Moending Wangi, ari Moending Wangi digentos ke Praboe Moegi Wati.

Noemoetkeun katrangan babas, Padjajaran harita teh taoen A.J. 1112, atawa taoen A.D. 1200.

Demi Koeda Lalèan saparantos ngadeg radja di Padjajaran, djoedjoeloekna Praboe Brawidjaja Maèsa Tandraman. Demi eta Praboe Brawidjaja Maèsa Tandraman katjèloek ratoe linoehoeng, sabar adil palamarta, towèksa ka noe leutik, roemawat ka para wilajat, ngadjeujeuhkeun kana makaja ngagarap tanah. Nja andjeunna noe ngawitan njandak Maèsa anoe soendana moending, ti Djawa Wetan ka Pasoendan geusan magawe ngagarap tanah.

Dina dongèng ogè kaoengel jèn nadjan moending djarah, oepami ditjepeng koe Koeda Lalèan toeloej dadak sakala djadi lindeuk. (Paingan tepi ka ajeuna, basa moending mah, komo dina ngawoeloekoe, tetep basa Djawa baè, saperti: deroem, kia, oewis, loepoet, arang, manahareng asalna ti Djawa tjandak Koeda Lalèan S.d.R.).

Radja Padjadjaran kagoengan poetra pameget doea, anoe tjikal ngaraos keungkang teu hararetah sakoemboeh sareng sepoeh, nja lolos ti nagara; ari anoe djadi radja ngagentos ramana, rai anoe lolos tèa, djenenganana Praboe Moending Sari.

Doepi èta poetra radja anoe tjikal tèh ngalalanana kaloenta-loenta nja soemping ka Mekah, gentos agama lebet Islam. Nja andjeunna oerang Soenda noe pang mimitina pisan moenggah hadji, djenenganana katelah Hadji Poerwa.

Toedjoeh taoen lamina Hadji Poerwa ngantoen lemah tjai bali geusan ngadjadina Soempingna deui ka Padjadjaran njandak rentjang oerang Arab djenenganana Krai Amantang atawa Ansantang (Dina babad Tjirebon mah, tingali P.S. No.4, rèntjangna tèh doeaan, ari djenengan anoe makè Santang nja iboe S.G. Djati, roepina Kiai Asantang di dieu ogè, Kèan Santang tèa, djadi sanes rentjangna tapi sadèrèkna anoe istri. S.d.R.).

Hadji Poerwa djeung rèntjangna tèa hajang ngasoepkeun èlmoena ka oerang Padjadjaran, tapi teu laksana lantaran oerang Padjadjaran kandel kènèh imanna kana agemanana noe asal.

Koe tarèkahna djeung djoedjoerna lakoe Hadji Poerwa, nadjan radja Padjadjaran teu bisa kabandang ogè, tapi ari ngaroesoehkeun mah koengsi, andjeunna tèga ngaraman ngaroentagkeun Padjadjaran asal, nepi ka Radja kapaksa ngalih ka babakan dadakan di deukeut toetoegan goenoeng Salak djeung G. Gedè beulah kalèr, antara Tjiliwoeng djeung Tjisadanè, nja nelahna mah Padjadjaran kènèh, tempatna di dajeuh Bogor ajeuna.

KATRANGAN TI REDAKSI

Ieu anoe ditjarioskeun di loehoer, pamendak toean Buddingh dina taoen 1850, babakoena njandakna poko tina babad tina dongèng-dongèng, sanès tina boekti-boekti seratan atanapi patilasan. Ka-bèh-dieu-nakeun seuer boejangga anoe ngotèktak kaajaan djaman koena njoektjroek tina boekti-boekti. Djadi karangan babad djeung sadjarah mah, tetela, beuki deui, beuki tambah beunang dipertjaja, rèa anoe ninggang enja.

Dina ieu karangan salsilahna Ratoe Galoeh sareng Padjadjaran, komo ari taoen-taoenna mah seueur pisan soelajana. Nanging, nja èta sakoemaha anoe kaoengel dina boeboekana, ieu mah soepaja djadi timbangan ka anoe maraos. Sadjarah Padjadjaran anoe sanes, engkè baris dilebetkeun deui.

85