Lompat ke isi

Kaca:Poesaka Soenda 1923-01-1(07).pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Moehamad ya ingsun, wuruk guru Sayid Junédi ing Bagdad.”

Sadaya wuruk tamu ku Sunan Jati parantos kadangu, sarta kauningan yén wulang Ratu Panjunan téh anu ilahar disarebut tékad Jabariah téa.

Ti dinya nembé ku Sunan Jati dibuka gotakana, didawuhkeun ku anjeunna ka tamu, yén ana kitu, éta mah tékad tanpa puara, taya pitemaheunana, teu tigin kana pigeusaneun ancik-ancikan teu puguh wekasanana, ahirna ingkar tina basa sirna, da kumalendang di kieuna, kakurung kénéh ku lahir, aya dina kalang dunya, kasarad ilahar sebutanana.

Satamatna Maolana Jati maparin piterang wuruk anu jadi bongbolongan, nyaangan manah Pangéran Panjunan, wejang nyerep kana sanubari anu nguping, nyata atra dina rasa sasarna luang anu geus kasorang ka tukang, nya Pangéran Panjunan sujud dina kalbu, lajeng layeut tamu tumut ka Maolana Jati, sumerah masrahkeun raga jeung nyawa.

Balad-balad miwah kapal sareng samaktana ku Pangéran Panjunan disanggakeun ka Maolana Jati, anjeunna mah mung ukur mundut tanah baé saperluna pigeusaneun suka betah, linggih sabot nganti-nganti ajal, réh badé tetep renggenek di dinya, moal mulih deui ka bali geusanna ngajadi, tina ngaraos perelu nyeuseuh salira, anu geus karandapan iman sasar. Dupi ngabagawanna téh nya di Waringin-Pitu.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Kacarios lami-lami jol sumping hiji istri ti Tepasa-adi, teras dipigarwa ku Maolana Jati, nya ibuna Pangéran Pasaréan, sareng Putri Ratu Ayu.

Ti garwa anu sanés deui Maolana Jati kagungan putra dua, duanana pameget, anu hiji Pangéran Kalana, anu hiji deui Pangéran Sedang Lautan (hartosna Séda ing lautan, pupus di laut). Ari éta Pangéran Pasaréan téh, nya anu ngarundaykeun raja-raja Cirebon.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Sadayana raja-raja di Tanah Sunda harita ku Maolana Jati, anu baha kana pangajakna supaya ganti agama, parantos dilindih diperangan ditaluk-talukkeun.

Urang Talaga, Kuningan, Raja Galuh, Ciamis, Panjalu, Sindangkasih, anutna kana Islam téh, lain léah énggal sumangga, tapi kungsi tarung perang ngadukeun pucuk pakarang, toh pati jiwa raga, lantaran anu jadi luluguna ngukuhan ageman warisan karuhunna. Anu jadi senapati Kuningan anu ngalawan naruhkeun umur, jenenganana Sunan Buntasenjang, Dalem Iban Palimanan sareng Dalem Wanaparta baladna campur sareng ti Kawali Ciamis Panjalu téa, ngalawan senapati Islam anu dikapalaan ku Séh Gilang-hérang sareng Dalem Kamuning. Nya harita Dalem Kamuning senapati Islam, kadéséh lantaran keur perang tanding jeung Dipati Wanaparta, kasarimped kabeulit ku areuy oyong, tigebrus kana embel.

Dupi urang Sumedang Bandung Cianjur mah lebet Islam téh suka sorangan baé. Nya kitu deui Bogor Jaketra jeung Ujung Banten teu sakumaha matak ngahésékeunana.

Ku margi rupi-rupi anu jadi margi, anu narik kana kudu ngayakeun aturan, lajeng ku Maolana Jati para putrana dicarahcalkeun, diangkat jadi raja di sababaraha tempat, nya éta Raja Lahut ngasta Jaketra, Sabakingking di Banten, Haji Duliman ngalinggihan patilasan Pajajaran, Raja Sanggara linggih di Tegalluar. Jadi ti harita mah agama Islam téh geus sumebar nereab di sakuliah Pasundan.

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

Kacarioskeun Sunan Ampél tei kana jangji puput yuswa mulih ka Kalanggengan. Para Wali kempel sadayana di Ampél, sareng sabada réngsé nguruskeun nu pupus, sadaya Wali sapuk sabilulungan nangtoskeun anu bakal jadi pigentoseunana. Nya brul arangkat ka Indra Giri Gajah, réh nya Sunan Giri anu dijungjung lungguh jumeneng ratu pandita kapala agama di sakuliah Jawa-wétan.

Di dinya para Wali kantos sawala heula, rebut bener ngilari jalan sampurna, sangkan Wali anu salapan henteu aya anu tojaiah dina bagbagan sara agama, ulah sulaya pasalingsingan.

99