Kaca:Poesaka Soenda 1923-02-1(08).pdf/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

némbrés diébreh-ébreh ari miwoeroek mitoetoer teh. Eta kabiasaan kitoe tea dina sagala roepa, komo dina nangtoskeun bilangan taoen mah, kawasna teh lodjoe teu soeroep bae karaosna koe para boedjangga baheulamah, oepami njebatkeun taoen dina aja kadjadian anoe perloe djadi pangeling-ngeling koe bilangan biasa. Sandi panjoempoetan bilangan taoen, biasa disebat Tjandra-sangkala at Sasangkalan.

Koe pok-pokanana dina omongan tjandra-sangkala, oerang teh geus matak bingoeng, tapi ari moenggoehing karoehoenmah kawasna eta teh koerang boeni keneh bae, da dioendakkeun deui tina omongan oeni teh, kana gambar, djadi aja gambar anoe djadi tjandra-sangkala, sapertos di Pasar gede aja gambar noe toempak koeda njekelan tarompet di toekang di hareup aja gambar tjaoe sikatan, netelakeun taoen 1796.

Di Moesioem aja gambar (artja) sapi sirahna dipapaesan tjara papaés pandita, anoe ngégél boentoetna. Dina eta artja aja toelisan anoe mimitina oenina: sakakalanja goh, wikoe, hanaboet, 1397. Hartina: Dina taoen Saka ieu lemboe (9) tjara Resi (7) ngégél (3) boentoetna (1).

Ari atoeran njiennna eta tjandra-sangkala teh, nja eta ngatoer éntépanana ketjap anoe djadi gaganti angka, sing oeni ngandoeng harti. Ari éntép-seureuhna ketjap koedoe tina hidjianana heula mapaj kanapoeloehan ratoesan réboean djeung sateroesna. Saperti oepama oerang rek njeboetkeun taoen 1400, dina tjandra sangkala mah koedoe tina 0 heula mapaj kana 0 deui kana 4 kana 1, pokna: Sirna (0) ilang (0) kertaning (4) boeni (1) téh, hartina taoen 1400.

Ieu di handap diserat, ketjap-ketjap angka anoe sok dianggo tjandra-sangkala teh.


Angka 1

Boeda. Boedha. Basoeki. Boemi. Dara (parawan) Dhara (méga). Djaloe. Djalma. Djanma. Djana. Grana [iroeng], Aloeran [toeroenan]. Hardja. Wani. Eka. Istri. Kawit Kantja. Njata. Toenggal. Kerta. ilat [létah]. Wani. Lisan [baham]. Béntang koekoes. Oedel. Naja [pameunteu]. Ati [sanoebari]. Lamboet (patoeangan). Kapoetrén. Poernama. Radja. Rahajoe. Ratoe. Goesti. Roekoen. Roepa. Ron [daeon]. Salira. Sasih. Béntang. Tjandra [Boelan], Woeroek [Piwoelang]. Soerja [srangéngé]. Soeta [poetra] Sirah Sit [tanah]. Warnaming.


Angka 2

Dengkoel. Dampal. Asta [panangan] Karo [doea]. Karna [tjépil]. Kembar. Kara. Hamaloe. Hanembah. Boedja [taktak]. Dresthi [kening]. Gandoe [tjatjarioean], Giwang [oeang-oeang]. Hama [siki panon], Jenangana [emé] Kara. Karni [liang tjepil]. Lambong. Lantangono. Lar. Lotjana Légra [liang pangamboeng]. Njembah. Maksa. Maripat (paningal]. Metra at. Manik. Najana. Nétra Paningal. Pangreungeu. Pepasa. Pembajoen [pinareup]. Poepoe [pingping] Raksa. Reksa Sampean. Sikara (dampal panangan) Soegnoe at Lamboe (tandoek sapi). Soeta-naja (Boedak doea). Tjarana (lambej).


Angka 3

Baja (boeaja). Bajalana (boeaja djaloe). Bahning at Bahni (seuneu parapén). Bata (hoeroeng). Boedjalana, at Boeroela (beloet). Brahma. Dahana. Djata (tétah seuneu). Koena at. Goena (piroeha). Gota (hawoe). Geni, at. Agni (seuneu). Hahi (sorot). Hanala(pétélan seuneu). Hanahoeti. Hapija. Hoedjal. (pamoepoet). Hoedjildjata (loebang). Hoeta (keler, paragi ngabatik). Hoetawaha (léntah). Hoetawaka (seuneu), Hoeti (tjatjing). Hoeninga. Kaja (seuneu). Kaping tiga (tanggal tiloe). Lahagni (seuneu anoe bidjil ti djero taneuh). Latoe (potelan seuneu). Lena (seunen). Nalama at. Nalagni (panas, ngentab). Pantjaka (Seuneu di poentjak goenoeng). Pawaka (seuneu kawah). Poedeng (seuneu doeroekan). Poejeng (seuneu pangragadjian at. seuneu doeroekan hoeoet). Poetjika at. Poetjitjika (seuneu leboe). Poejek (haneutna hajam njileungleum). Rana (seuneu di pangperangan). Siking (seuneu obor). Singking (seuneu anoe dipake matri). Tiga (leuweung kahoeroean). Toeminga at, Hoeminga (seuneu moengsrat) Tri (tiloe). Trimetra (Panon tiloe). Trining rana (seuneu). Triana (kelir tiloe geblég at. anoe njaba tiloean). Trisoela (panah anoe paksina tiloe). Trisirah (anoe sirahna tiloe). Weda (seuneu hawoe). Wena (keler hoeroeng). Weroeh (peurah).

118