Kaca:Poesaka Soenda 1923-03-1(09).pdf/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Kaca 13.

teu aya, sang ratu ngandeg.

Datang ka bulanna, babar.

Dingaranan Hariang Banga.

Lawas-lawas sang ratu uwar ka sanagara yén sang ratu eukeur diboga seuweu.

Saur sang ratu: "Patih, hatur deui ka nu tapa, sang ratu eukeur diboga deui seuweu."

"Rampés," carékna kai patih.

Ari datang ka nu tapa, tuluy hatur, carékna kai patih: "Kaula nuhun, dipawarang ku sang ratu." Saur nu tapa: "Dipiwarang naha kai patih?"

"Mangka sang ratu bobot, naha éwé-éwé ta lalaki piseuweueunnana?"

Saur nu tapa "Réya deui sang ratu ka nu tapa Kai patih, haturkeun ka sang ratu, saur nu tapa piseuweueunnana éwé-éwé."

Saur sang ratu: "Bohong nu tapa, éta ogé katéh (kañcah, katél)?"

Arina ditéyang, katéh teu aya.

Sang ratu tuluy ngandeg.

Ari lawas-lawas, datang ka bulanna, tuluy babar sang ratu.

Arina dibireungeuh istri seuweu sang ratu.

Caritakeun deui réyana para putra.

Ratu Maraja Lenggang seuweuna ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangngan.

Arina patut-


Kaca 14.

tan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa di Sumadé Kidul, balikna ka Majapait.

Patutan ti Ratu Prawata, éta seuweuna Prebu Gunung, Sang Raja Pañji.

Patutan deui ti Ratu Maraja Déwi Angin nya Ratu Pagedongngan.

Ratu Maraja Déwi Angin seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Maraja Sakti.

Patutan ti Ratu Maraja Déwa Putra raha duwa welas nu nyarita tilu.

Mangka turun ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di Bojong Ci-mandala wateun reujeung Ci-gagakjalu.

Mangka gering sanagara Galuh.

Saur sang ratu: "Patih, nahoeun tamba gering sanagara?"

"Kaula nuhun, sang ratu, kaula rék hatur ka nu tapa, ménta tamba gering."

Hatur kai patih: "Nuhun, kaula dipiwarang ku sang ratu, ménta tamba gering sanagara."

Saur nu tapa: "Rampés."

Mangka ngala sagala tamba.

Tuluy dihaturkeun ka kai patih: "Iyeu tamba gering, hatur-


Kaca 15.

keun ka sang ratu, kami dek nuturkeun peundeuri."

"Kaula amit."

Saur nu tapa: "Pileuleuyan, kai patih."

"Kaula nuhun, sang ratu, iyeu tamba gering sanagara ti nu tapa."

Tuluy ditampanan ku sang ratu.

Arina dibuka, béh reundeu.

Tuluy didahar ku sang ratu; nyat waras sanagara Galuh.

Tuluy ka séba deui ku paramantri.

Lila-lila tuluy datang kai ajar.

Saur sang ratu: "Sukur temen, kai ajar datang. Reundeu baan saha?"

Saur kai ajar: "Nuhun, bawa nu séba urang nuhun, séba téh nu jaba baé, nangka diteda ku kaula. Tuluy dipelakkeun ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur ka sampéyan."

"Kai Ajar, ari kitu ngabaktikeun sésa."

Mangka sang ratu bendu.

Saur Sang Ratu: "Patih, paéhhan Kai Ajar."

Mangka dicekel ku Kai Patih, dibaan ka rañca Cibungur.

Saur Kai Ajar: " Kai Patih, haturkeun sa-


Kaca 16.

ur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya éta nu dipaéhhan téh."

Tuluy ditelasan.

Ngalambang beureum getihna di ranca Cibungur, mana dingarankeun Ranca Beureum.

Lawas-lawas Sang Ratu ngandeg.

133