Wawatjan Siliwangi
(Samboengan P.S. No. 8)
|
| 221. | Ngimpen aja anoe rawoeh, |
| pameget sepoeh ngalahir, |
| Amberkasih iéu éjang, |
| ajeuna datang ka eulis, |
| perloena arék papatah, |
| éjang méré boedak leutik. |
| 222. | Boedak hideung kawas loetoeng, |
| éstoe boedak keur prihatin, |
| poma koe eulis rawatan, |
| pidjalaneun oendak moekti, |
| boedak gede daradjatna, |
| terah loehoeng titis Adji. |
| 223. | Koe Eulis heug angken doeloer, |
| pikawelas silih asih, |
| sakitoe piwoelang éjang, |
| poma éstokeun koe Eulis, |
| ajeuna éjang rek moelang, |
| les leungit teu katingali. |
| 224. | Nji Poetri tanghi ngadjentoel, |
| ngamanah impénan tadi, |
| naha ieu lain riwan, |
| atawa panggoda iblis, |
| tapi anoe soemping éjang, |
| tetela anoe ngalahir. |
| 225. | Tina éta poetri ajoe, |
| boedi beda ti sasari, |
| aloem henteu pati bérag, |
| ngarep-ngarep hojong boekti, |
| Lapat énggal kasorang, |
| geura sidik oedjar wangsit. |
| 226. | Sigegkeun poetri noe ngoengoen, |
| kotjap Radén keur prihatin, |
| enggeus lawas lalajaran, |
| geus aja sataoen leuwih, |
| dibabawa koe nakoda, |
| ka Sambas Bornéo Bali. |
|
| 227. | Digawékeun kana ngapoet, |
| ngapoet lajar beurang peuting, |
| nanging sering disentakan, |
| gawéna goréng teu apik, |
| gagabah noentjalan hantja, |
| kaselang hoeleng melentjing. |
| 228. | Noedjoe dina hidji waktoe, |
| kapalna katebak angin, |
| angin barat angin topan, |
| katambias tambih tebih, |
| toengtoengna naradjang karang, |
| papan semplak boerak-barik. |
| 229. | Oentoeng geus andjog ka teloek, |
| henteu tebih ti basisir, |
| kalasi handjat ka darat, |
| ki nangkoda mikir-mikir, |
| geusan ngadangdanan kapal, |
| koedoe njiar tangkal djati. |
| 230. | Nangkoda ka matros njaoer: |
| éta baé Siliwangi, |
| da boedak goréng gawena, |
| oerang djoeal kana djati, |
| geuwat miang mangka meunang, |
| poeloekan gé kadjeun teuing. |
| 231. | Mios kalasi raroesoeh, |
| ngagiring Dén Siliwangi, |
| ladjoe dibawa ka pasar, |
| gehger dipasar sareuri, |
| ngarogrog djadi tongtonan, |
| aja boedak meles teuing. |
| 232. | Ki matros ngomong tjoemoeloek, |
| saha anoe kersa meuli, |
| noekeuran oelah koe arta, |
| koedoena koe tangkal djati, |
| sanadjan djati poeloekan, |
| tiloe tangkal gé kop teuing. |
| 233. | Soedagar pasar pareboet, |
| paheula-heula rék meuli: |
| Koe koela bakal dibajar, |
| Nadjan lima genep ringgit, |
| Pok deui anoe saoerang; |
| Arék oeroep koe ripis. |
|