Kaca:Poesaka Soenda 1923-05-1(11).pdf/13

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

Toelén, asalna tina toelian, Toeli = toelja = njata, temen, saperti (Skr. tulija = saroepa, saroea). Toelén hartina temenan, anoe sanjatana, anoe saenjana.

Gilig, ajeuna mah ngan dihartikeun indjeumanana woengkoel, ari hartin asal mah geus kaloeli-loeli tara dianggo. Gilig atina, atawa gilig pikirna, hartina boeleud pikirna, da gilig téh hartina boeleud pisan, boeleud bener, boender.

Pagoelingan, = pangkoeleman, padjoearan, Goeling (Kw) hartina héés, pagoelingan = panghéésan.

173